Jumat, 09 Agustus 2013

Kakarén Puasa

Kakarén asalna tina kecap kakarian, anu hartina susu-sésa, éh susa-sésa...xixixi. Biasana dilarapkeun kana susa-sésa kadaharan urut hajat jeung lebaran. Geus ilahar ari lebaran téh sagala rupa kadaharan sok diaya-ayakeun, kayaning kicimpring, ranginang, ényé, opak, ulén...kitu sotéh lamun di lembur, ari di dayeuh mah geus ganti meureun ku kuéh-kuéh sabangsaning nastar, putri salju, bolu, brownies, jeung sajabana. Nu matak dina poéan lebaran sok sagala dijejelkeun kana beuteung, nepi ka aya paribasa "Kokoro manggih mulud, puasa manggih lebaran". Tah, sanggeus lebaran, nu aya tinggal kakarénna.

Tapi lain dina kadaharan wungkul, sanggeus lebaran téh loba jalma nu kawas kuda leupas tina gedogan, nu biasana dina bulan puasa disengker, ari geus lebaran mah sagala dihayukeun. Rumaja nu biasana bulan puasa mah diperéan nganjang ka kabogohna, ari geus lebaran mah kalah sok mamayu, nepi ka tempat-tempat kaulinan ogé ramé. Lamun di Sukabumi mah, biasana tempat pangjugjugan keur ulin téh Palabuan Ratu, basisir nepi ka pinuh ku rébuan jalma, cenah kitu ogé da kuring mah teu biasa uulinan.

Na enya kitu ari geus lebaran mah, sagala anu teu meunang dipigawé dina bulan puasa téh robah jadi meunang? Nu tadina teu meunang bobogohan, ari geus lebaran mah meunang deui, anu tadina teu meunang ngabohong, ari geus lebaran mah meunang deui, anu tadina keur bulan puasa mah nyocokan ceuli tina sora-sora alatul malahi, ari geus lebaran mah dibuka deui? Is, nya teu kitu atuh, da ari hukum mah teu robah! Di dieu ku urang bisa ditempo hasil tina puasa sabulan campleng téh, naha urang geus bener puasana atawa encan?

Saenyana ari bulan Romadhon nyaéta tempat urang latihan atawa diajar ngadalian hawa napsu jeung ngabiasakeun ngalakonan amal-amal kahadéan. Dina bulan puasa sok tadarus, sholat dhuha, sholat tahajud, sholat witir, jeung sajabana. Keur mah ganjaran amal sholéh ditikel-tikel ku Alloh, jeung deui supaya pagawéan éta jadi kabiasaan, nu engkéna dipraktékkeun dina bulan-bulan séjénna.

Tah, ayeuna urang tinggal nyaliksik diri, sanggeus latihan sabulan téh, naha urang hayang mraktékkeun jeung tuluy ngabiasakeun hasil tina latihan téa? atawa urang ngan sakadar latihan tapi henteu prakték? Naha aya kakarén puasa dina diri urang? Lamun biasana daék tadarus, sholat sunat, shodaqoh, nyengker hawa napsu...naha ku urang rék dituluykeun atawa rék diperéan deui?

Tidak ada komentar:

Posting Komentar