Selasa, 13 Agustus 2013

Anak Kuda Begang


Si Uhé keur kacida bingungna, usaha teu jalan, hutang raweuy. Pokona mah méh-méhan prustasi lah, ceuk pikirna "daripada hirup kieu-kieu teuing mah mending hos wéh...beunghar!

Mobok manggih gorowong, keur huleng jentul téh torojol wéh babaturanana, ceuk babaturanana "yeuh Uhé, hayang beunghar mah ziarah geura tuh ka luhur gunung, didinya aya makam karamat"

Teu pikir panjang deui, isukna si Uhé kencling wéh indit ka luhur gunung nu dituduhkeun ku babaturanana téa bari bebekelan sapuratina belaan anjuk ngahutang.

Kocapkeun nepi ka luhur gunung, bener wé didinya aya hiji makam anu loba nu ngaziarahan. Si Uhé nepungan ka kuncén éta makam tuluy nyaritakeun sagala rupa pamaksudanana. Ceuk kuncén "mun manéh hayang beunghar, pék lakonan puasa mutih salila 40 poé". Kusabab geus gilig téa hayang beunghar, si Uhé ngalakonan syarat-syarat ti kuncén kalayan pinuh ku kayakinan.

Sanggeus bérés puasa 40 poé, si Uhé nepungan deui kuncén. Kuncén téh teu loba carita, ujug-ujug méré anak kuda begang wéh ka si Uhé. Puguh wé si Uhé jadi bingung, geus bélaan puasa 40 poé ngan ukur dibéré anak kuda begang. Kuncén téh surti "teu kudu bingung manéh Uhé, engké ogé ku manéh kapanggih ieuh, pokona mah manéh bakal beunghar. Jung bawa balik ieu anak kuda begang"

Si Uhé bungangang ngadéngé omongan kuncén kitu, manéhna balik bari nungtun anak kuda begang téa "laksana aing jadi jelema beunghar téh lah" ceuk pikirna. Nepi ka sisi gunung, anak kuda téh ngedeprek, ripuheun tayohna mah da ditungtun téh kalah mugen, kusah koséh tuluy paéh.

Puguh wé si Uhé reuwas campur sedih, beu gagal maning yeuh jadi jelema beunghar téh ceuk pikirna. Bari jeung ramahbay cipanon si Uhé nguburkeun anak kuda begang téa. Mangpoé-poé manéhna ngaheruk wé pagawéanana di gigirieun makam anak kuda, puguh gé rék balik bingung sabab pastina bakal loba nu nagih hutang.

Keur kitu, loba jelema lalar liwat anu rék ziarah ka makam karamat di luhur gunung téa. Barang nempo si Uhé keur mendeko di gigir makam, nu rék ziarah téh tungtungna mariluan mendeko didinya ngadon tirakat bari teu poho méré amplop ka si Uhé nu dianggapna kuncén di éta makam karamat. Lila ku lila éta tempat téh jadi ramé ku jelema nu ngadon ziarah, atuh si Uhé jadi sibuk nampanan amplop.

Anapon ari kuncén makam karamat anu di luhur gunung téa ngarasa himeng kunaon geus sabulan meni euweuh nu ziarah saurang-urang acan, puguh wé omzét manéhna sabulan éta mah kosong pisan. Kusabab panasaran hayang apal naon nu jadi lantaran euweuh nu ziarah, antukna éta kuncén téh turun gunung.

Nepi ka handap, manéhma reuwas sabab nempo aya pangziarahan anyar anu kacida raména "beu ieu geuning nu ngabangkrutkeun usaha aing téh." ceuk gerentes haténa  Tuluy manéhna ngadeukeutan éta makam, manéhna reuwas deui baé geuning kuncénna téh si Uhé nu pernah dibéré anak kuda begang téa ku manéhna.

Éta kuncen tuluy nepungan si Uhé bari nanya "ari ieu makam saha Uhé?". Si uhé ngajawab "pan ieu téh makam anak kuda begang téa, bener ceuk abah laksana lah kuring jadi jalma beunghar téh kaya kieu mah". Si kuncén ngahuleng "éh si abah kalah ngahuleng, kuring jadi panasaran yeuh ari makam anu di luhur, éta makam saha bah?" sambung si Uhé  Si kuncén téh ngaharéwos ka si Uhé "tong gandéng, pan nu diluhur téh makam indungna kuda begang!!!!"

Tidak ada komentar:

Posting Komentar