Jumat, 02 Agustus 2013

Sing Loba Inget Kana Maot

Hirup di dunya ieu moal salawasna. Baris datang mangsana urang papisah jeung dunya katut eusina. Pipisahan éta lumangsung waktu pati mapag, hamo aya saurang ogé anu bisa nyingcet tina hal éta. Alatan اَللّه tos ngadawuh:


كُلُّ نَفْسٍ ذَائِقَةُ الْمَوْتِ وَنَبْلُوكُمْ بِالشَّرِّ وَالْخَيْرِ فِتْنَةً وَإِلَيْنَا تُرْجَعُونَ


“Saban anu ngabogaan jiwa pasti baris ngarasakeun maot, sarta Kami nguji aranjeun kalayan kagoréngan sarta kaalusan minangka hiji fitnah (ujian), sarta ngan ka Kami aranjeun baris mulang.” (Al-anbiya`: 35)


أَيْنَمَا تَكُونُوا يُدْرِكُكُمُ الْمَوْتُ وَلَوْ كُنْتُمْ فِي بُرُوجٍ مُشَيَّدَةٍ


“Di mana waé aranjeun aya, pati pasti baris manggihan anjeun, sanajan aranjeun aya di jero bénténg anu luhur tur weweg.” (An-nisa`: 78)


Pati baris datang ka sing saha ogé, boh manéhna saurang anu soléh boh doraka, saurang anu turun ka pangperangan atawa diuk cicing di imahna, saurang anu hayangeun nagari ahérat anu langgeng atawa hayang dunya anu fana, saurang anu pinuh sumanget ngahontal kahadéan atawa anu lalawora sarta pangedulan. Kabéhanana baris nepungan pati lamun geus nepi ka ajalna, alatan mémang:


كُلُّ مَنْ عَلَيْهَا فَانٍ


“Sakumna anu aya di luhur bumi ieu fana (henteu langgeng).” (Ar-rohman: 26)


Nginget maot baris ngaleuleuskeun haté sarta ngancurkeun kasarakahan kana dunya. Lantaran éta, Rosululloh Shollallohu ‘alaihi wa sallam méré pépéling pikeun loba ngingetna. Anjeunna ngadawuh dina hadits anu ditepikeun ku shohabatna anu mulya Abu Hurairoh rodhiyallohu ‘anhu:


أَكْثِرُوْا ذِكْرَ هَاذمِ اللَّذَّاتِ


“Lobakeun aranjeun kana nginget pamegat kangeunahan (nyaéta pati).” (HR. At-tirmidzi no. 2307, An-nasa`i no. 1824, Ibnu Majah no. 4258)


Dina hadits di luhur aya sawatara faédah:


Disunnahkeunna saban muslim anu cageur atawa anu keur gering pikeun nginget maot kalawan haté sarta lisanna, sarta ngalobakeun ngingetna nepi ka saolah-olah pati di hareup panonna. Alatan ku sabab éta baris ngahalangan sarta ngeureunkeun hiji jalma tina migawé ma’siat sarta bisa nyorong pikeun ngalakukeun amal soléh.


Nginget maot di waktu aya dina karupekan baris ningtrimkeun haté saurang hamba. Sabalikna, lamun keur aya dina kesenangan hirup, manéhna moal poho kana dirina. Jeung kitu manéhna bakal teu weléh aya dina kaayaan siap pikeun “indit.” (Bahjatun Nazhirin, 1/634)


Dawuhan Rosululloh Shollallohu ‘alaihi wa sallam di luhur nyaéta pidawuh anu singget sarta ringkes, “Lobakeun aranjeun kana nginget pamegat kangeunahan (pati).” Tapi dina hadits éta ngumpul pangéling-ngéling sarta pohara keuna pisan minangka naséhat, alatan jelema anu bener-bener nginget maot baris ngarasa euweuh hartina kangeunahan dunya anu keur disanghareupanana, ku kituna bakal ngahalangan kana ngangen-ngangen ngahontal dunya di mangsa ka hareup. Sabalikna, manéhna baris miboga sikep zuhud kana dunya. Tapi pikeun jiwa-jiwa anu kiruh sarta haté-haté anu talobéh, perlu meunangkeun naséhat panjang lébar sarta ucapan-ucapan anu panjang, sanajan sabenerna pidawuh Nabi Shollallohu ‘alaihi wa sallam:


أَكْثِرُوْا ذِكْرَ هَاذِمِ اللَّذَّاتِ


“Lobakeun aranjeun nginget pamegat kangeunahan (nyaéta pati).”

dibiruyungan pidawuh Alloh:



كُلُّ نَفْسٍ ذَائِقَةُ الْمَوْتِ


“Saban anu ngabogaan jiwa pasti baris ngarasakeun maot,” geus nyukupan pikeun jelema anu ngadéngé sarta nempo.


Pohara alusna kedalan jelema anu ngomong:


اذْكُرِ الْمَوْتَ تَجِدُ رَاحَةً، فِي إِذْكَارِ الْمَوْتِ تَقْصِيْرُ اْلأَمَلِ


“Ingetkeun maot tinangtu anjeun bakal manggih katingtriman, tur nginget maot baris mondokeun pangangen-ngangen.”


Nyaéta Yazid Ar-raqosyi rohimahullohu nyarios ka dirina nyalira, “Cilaka anjeun héy Yazid! Saha atuh anu baris ngalakukeun solat pikeun anjeun sanggeus maot anjeun? Saha téa anu nyugemakeun anjeun sanggeus maot? Saha téa anu baris mangméntakeun karidhoan Pangéran pikeun anjeun sanggeus anjeun maot?”

Saterusna anjeunna nyarios, “Héy sakabéh manusa, Naha henteu maranéh ceurik sarta ngadongdolék diri-diri maranéh dina hirup maranéh anu masih kénéh nyésa? Héy jelema anu pati néanganana, anu kuburan baris jadi imahna, anu taneuh baris jadi permadanina sarta anu hileud-hileud baris jadi baturna… dina kaayaan manéhna ngadagoan dihudangkan dina poé anu pohara pikakeueungeunana. Na kumaha kaayaan jelema ieu?” Saterusna Yazid ceurik nepi ka ragrag kapidara. (At-tadzkiroh, kaca 8-9)


Éstuning ngan jalma-jalma calakan tur pinter anu loba nginget maot sarta nyiapkeun bekel pikeun maot. Shohabat anu mulya, putra ti shohabat anu mulya, Abdullah bin ‘Umar rodhiyallohu ‘anhuma nyarioskeun, “Kuring keur diuk babarengan sareng Rosululloh Shollallohu ‘alaihi wa sallam nalika datang saurang lalaki ti golongan Anshor. Manéhna ngedalkeun salam ka Rosululloh Shollallohu ‘alaihi wa sallam, tuluy ngomong, Yaa Rasulalloh, mu’min mana anu pangutamana?’ Anjeunna ngawaler, ‘Anu pangalus akhlakna di antara maranéhanana.’

‘Mu’min mana anu pangpinterna?’, tanya lalaki éta deui. Anjeunna ngawaler:


أَكْثَرُهُمْ لِلْمَوْتِ ذِكْرًا وَأَحْسَنُهُمْ لِمَا بَعْدَهُ اسْتِعْدَادًا، أُولَئِكَ أَكْيَاسٌ


“Jelema anu panglobana nginget maot sarta pangalusna sasadiaanana pikeun kahirupan sanggeus maot. Maranéhanana éta pisan jalma-jalma anu pinter.” (HR. Ibnu Majah no. 4259)


Al-imam Al-qurthubi rohimahullohu nyarios, “Ad-daqqoq nyarios, ‘Saha anu loba nginget maot, manéhna baris dimulyakeun kalayan tilu perkara: Buru-buru kana tobat, haté ngarasa cukup, sarta tanginas/sumanget dina ngalakonan ibadah. Sabalikna, saha anu mopohokeun maot manéhna baris dihukum kalayan tilu perkara: nunda tobat, henteu ridho jeung ngarasa cukup sarta kedul kana ibadah. Mangka pék geura mikir, héy jelema anu katipu, anu ngarasa moal ditéang pati, moal ngarasa sakarat, karipuhan, sarta kapaitanana. Cukup pati minangka penggeuing haté, nyieun panon ceurik, mupus kangeunahan sarta ngeureunkeun pangangen-ngangen. Naha anjeun, héy anak Adam, daék mikiran sarta ngabayangkeun datangna poé pati anjeun sarta pindahna anjeun ti tempat hirup anjeun anu ayeuna?” (At-tadzkiroh, kaca 9)


Pék bayangkeun waktu-waktu sakaratul maot ngadatangan anjeun. Bapa anu pinuh asih nangtung di sisi anjeun. Indung anu pinuh kaasih ogé hadir. Kitu ogé barudak anjeun anu gedé atawa anu leutik. Kabéh aya di deukeut anjeun. Maranéhanana nempo kalayan tetempoan asih, nyaah sarta pinuh ku rasa watir. Cai panon maranéhanana teu eureun-eureun nyurucud ngabaseuhan beungeut-beungeut maranéhanana. Haté maranéhanana ogé disimutan ku kasedih. Maranéhanana kabéh ngaharepkeun sarta ngangen-ngangen, supamana waé anjeun bisa tetep babarengan jeung maranéhanana. Tapi pohara jauh sarta mustahil aya saurang makhluk anu bisa nambahan umur anjeun atawa mulangkeun roh anjeun. Saéstuna Dzat anu méré kahirupan ka anjeun, Manten-Na ogé anu nyabut kahirupan éta. Milik-Na naon anu Manten-Na pundut sarta naon anu Manten-Na paparin. Sarta sakabéh awak-awakan ngabogaan ajal anu geus ditangtukeun.


Al-hasan Al-bashri rohimahullohu nyarios, “Teu pisan-pisan haté saurang hamba mindeng nginget maot iwal ti dunya karasaeun leutik sarta euweuh hartina pikeun manéhna. Sarta kabéh anu aya di luhur dunya ieu hina pikeun manéhna.”


Nyaéta ‘Umar bin Abdil ‘Aziz rohimahullohu lamun inget maot anjeuna ngageter kawas ngageterna buntut manuk. Anjeunna ngumpulkeun para Ulama, mangka aranjeunanana silih ngingetkeun ngeunaan pati, poé kiamat sarta ahérat. Saterusna aranjeunanana careurik nepi ka saolah-olah di hareupeun aranjeunna aya layon. (At-tadzkiroh, kaca 9).


Tinangtu ceurik aranjeunanana dituturkeun ku amal sholéh sanggeusna, jihad di jalan Alloh Subhanahu wa Ta’ala sarta tanginas kana kahadéan. Béda halna jeung kaayaan lolobana manusa dina poé ieu. Maranéhanana yakin ayana surga tapi henteu daék amal pikeun ngahontalna. Maranéhanana ogé yakin ayana naraka tapi maranéhanana henteu sieun.

Maranéhanana nyaho yén maranéhanana baris maot, tapi maranéhanana henteu nyiapkeun bekel. Ibarat babasan ahli syair:

Kuring nyaho kuring bakal maot tapi kuring teu sieun

Haté kuring teuas lir ibarat batu

Kuring néangan dunya saolah-olah hirup kuring langgeng

Kawas poho pati ngintip di tukang


Padahal, dimana-mana pati geus datang, teu aya saurang ogé anu bisa nyingcet sarta nundana.


فَإِذَا جَاءَ أَجَلُهُمْ لاَ يَسْتَأْخِرُونَ سَاعَةً وَلاَ يَسْتَقْدِمُونَ


“Mangka lamun geus anjog ajal maranéhanana (waktu anu geus ditangtukeun), teu pisan-pisan maranéhanana bisa mundurkeunana najan sajongjonan ogé sarta henteu ogé maranéhanana bisa ngaheulakeunana.” (An-nahl: 61)


وَلَنْ يُؤَخِّرَ اللهُ نَفْسًا إِذَا جَاءَ أَجَلُهَا


“Sarta Alloh sakali-kali moal mundurkeun pati hiji jalma lamun geus datang ajal/waktuna.” (Al-munafiqun: 11)


Duh kacida rugina hiji jalma anu leumpang nuju alam kalanggengan tanpa mawa bekel. Ulah anjeun, héy jiwa, kaasup anu teu boga untung. Pék perhatikeun pépéling Pangéran anjeun:


وَلْتَنْظُرْ نَفْسٌ مَا قَدَّمَتْ لِغَدْ


“Sarta pék saban jiwa nengetan naon anu geus dipigawéna pikeun poé kahareup (ahérat).” (Al-hasyr: 18)


Al-hafizh Ibnu Katsir rohimahullohu ngécéskeun ayat di luhur kalayan nyarioskeun, “Pék geura hisab diri maranéh saméméh maranéh dihisab, sarta pék tengetan amal soléh naon anu geus ku maranéh dicéngcéléngankeun pikeun diri maranéh minangka bekel di poé dihudangkeun sarta poé dipadepkeun maranéh ka Pangéran maranéh.” (Al-mishbahul Munir fi Tahdzib Tafsir Ibni Katsir, kaca 1388).


Ulah anjeun jadi jelema anu hanjakal basa pati geus datang alatan teu mawa bekel, tuluy anjeun ngaharepkeun pikeun ditunda.


وَأَنْفِقُوا مِنْ مَا رَزَقْنَاكُمْ مِنْ قَبْلِ أَنْ يَأْتِيَ أَحَدَكُمُ الْمَوْتُ فَيَقُولَ رَبِّ لَوْلاَ أَخَّرْتَنِي إِلَى أَجَلٍ قَرِيبٍ فَأَصَّدَّقَ وَأَكُنْ مِنَ الصَّالِحِينَ


“Sarta pék infakkeun sawaréh ti naon anu geus Kami bikeun ka maranéh saméméh datang pati ka salah saurang di antara maranéh, tuluy manéhna ngomong, ‘Duh Pangéran abdi, naha Gusti henteu nunda pati abdi dugi ka waktos anu caket dugi ka abdi kénging kasempetan pikeun sodakoh sarta abdi kalebet jalma-jalma anu sholéh?’.” (Al-munafiqun: 10).


Lantaran éta, pék geura bebekelan! Siapkeun amal sholéh sarta jauhan kadorakaan ka Manten-Na!


Wallohu Ta’ala A’lam Bish-showab

Tidak ada komentar:

Posting Komentar