Sabtu, 07 September 2013

Ngaran Bapa


Hiji poé si Sarmod nu can pernah nyaho saha bapana, nanya ka ema na..

Omod: "ma.. Emaa.."
Ema: naon mod..?

Omod: uing rék nanya ka ema,
Ema: rék nanya naon atuh kasépp.. ? (Bari noél irung si omod nu siga leunca)

Omod: ari uing boga bapa teu ma ..?
Ema: nya boga atuh kasééépp...

Omod: , saha atuh ngaranna ma ?
Ema: emm (mikir sakeudeung..), ngaran bapa manéh téh eu.. RARA... Mod!

Omod: alus ma.. Sanajan siga ngaran awéwé gé, ari papanjangna naon ma ?
Ema: eu..RARAMÉAN mod.."

#si omod ceurik kokosodan bari ngacak-ngacak tikotok#

Tidak ada komentar:

Posting Komentar