Jumat, 27 September 2013

Sholat Istikhoroh

Sholat Istikhoroh nyaéta sholat pikeun ménta pituduh ka Alloh dina nangtukeun dua pilihan mana anu leuwih alus atawa alus henteuna dina ngalakukeun hiji perkara.

Bacaan surat dina sholat Istikhoroh, roka’at kahiji sanggeus fatihah meunang maca surat Al-Kafirun jeung roka’at kadua Al- Ikhlas.
Niat sholat Istikhoroh 2 raka’at :

ﺃُﺻَﻠِّﻰ ﺳُﻨَّﺔَ ﺍﻹِﺳْﺘِﺨﺎَﺭَﺓَ ﺭَﻛْﻌَﺘَﻴْﻦِ
ﻣُﺴْﺘَﻘْﺒِﻞَ ﺍﻟﻘِﺒْﻠَﺔِ ِﻟﻠﻪِ ﺗَﻌﺎَﻟﻰ
َ
“Kuring niat sholat sunnah Istikhoroh dua
roka'at nyanghareup kiblat, karena
Alloh”

Lamun ngalakukeun sholat sunnah
Istikhoroh leuwih ti dua roka’at, alusna saban dua roka’at
dijadikeun hiji salam.

Do’a sholat Istikhoroh

ﺃَﻟﻠَّـﻬُﻢَّ ﺇِﻧِّﻰ ﺃَﺳْﺘَﺨِﻴْﺮُﻙَ ﺑِﻌِﻠْﻤِﻚَ
ﻭَﺃَﺳْﺘَﻘْﺪِﺭُﻙَ ﺑِﻘُﺪْﺭَﺗِﻚَ ﻭَﺃَﺳْﺄَﻟُﻚَ ﻣِﻦْ
ﻓَﻀْﻠِﻚَ ﺍﻟﻌَﻈِﻴْﻢِ ﻓَﺈِﻧَّﻚَ ﺗَﻘْﺪِﺭُ ﻭَﻻَﺃَﻗْﺪِﺭُ
ﻭَﺗَﻌْﻠَﻢُ ﻭَﻻَ ﺃَﻋْﻠَﻢُ ﻭَﺃَﻧْﺖَ ﻋَﻼَّﻡُ
ﺍﻟﻐُﻴُﻮْﺏِ , ﺃَﻟﻠَّـﻬُﻢَّ ﺇِﻥْ ﻛُﻨْﺖَ ﺗَﻌْﻠَﻢُ ﺃَﻥَّ
ﻫَﺬﺍَ ﺍﻷَﻣْﺮَ ﺧَﻴْﺮٌ ﻟﻰِ ﻓﻰِ ﺩِﻳْﻨِﻰ
ﻭَﻣَﻌﺎَﺷِﻰ ﻭَﻋﺎَﻗِﺒَﺔِ ﺃَﻣْﺮِﻯ ﻓﺎَﻗْﺪِﺭْﻩُ ﻟﻰِ
ﻭَﻳَﺴِّﺮْ ﻟﻰِ ﺛُﻢَّ ﺑﺎَﺭِﻙْ ﻟﻰِ ﻓِﻴْﻪِ ﻭَﺇِﻥْ ﻛُﻨْﺖَ
ﺗَﻌْﻠَﻢُ ﺃَﻥَّ ﻫَﺬﺍَ ﺷَﺮٌّ ﻟﻰِ ﻓﻰِ ﺩِﻳْﻨِﻰ
ﻭَﻣَﻌﺎَﺷِﻰ ﻭَﻋﺎَﻗِﺒَﺔِ ﺃَﻣْﺮِﻯ ﻓﺄَﺻْﺮِﻓْﻪُ
ﻋَﻨِّﻰ ﻭَﺍﺻْﺮِﻓْﻨِﻰ ﻋَﻨْﻪُ ﻭَﻗْﺪِﺭْ ﻟﻰِ ﺍﻟﺨَﻴْﺮَ
ﺣَﻴْﺚُ ﻛﺎَﻥَ ﺛُﻢَّ ﺍﺭْﺿِﻨِﻰ ﺑِﻪِ , ﺑِﺮَﺣْﻤَﺘِﻚَ
ﻳﺎَﺃَﺭْﺣَﻢَ ﺍﻟﺮَّﺍﺣِﻤِﻴْﻦَ ؛

Hartosna :

“Ya Alloh, abdi nyuhunkeun ka Gusti
maparin pilihan mana anu langkung saé numutkeun Gusti, abdi mundut ka Gusti maparin kapastian kalayan katangtosan, abdi nyuhunkeun kalayan kamurahan Gusti anu maha agung, kumargi
saéstuna Gusti nu ngagaduhan kakawasaan, sedengkeun abdi teu terang, mung Gusti anu maha uninga kana saniskara anu samar,  Ya Alloh, saupamina numutkeun Gusti hal ieu saé kanggo abdi  dina agama abdi, dina kahirupan abdi, ogé saé akibatna pikeun abdi  mangka paparin perkara ieu ka abdi gampilkeun ka abdi, paparin kagampilan kanggo abdi, salajengna paparin kaberkahan kanggo abdi di lebetna. Ya
Alloh, saupamina numutkeun Gusti yén hal ieu saéstuna teu saé kanggo abdi, kanggo agama abdi, kahirupan abdi, tur teu saé akibatna kanggo abdi, mangka tebihkeun hal ieu ti abdi, tebihkeun abdi tina hal éta, paparin abdi kasaéan dimana waé abdi aya, salajengna jantenkeun abdi jalmi nu rido kana pamasihan Gusti, kalayan sadaya rohmat Gusti, duh nu pangasih-asihna diantawis nu mikaasih".

Tidak ada komentar:

Posting Komentar