Jumat, 06 September 2013

Panglamunan Ti Batu Hiu Nepi Ka Batu Karas

Ngalangeu nangkeup harigu ϑî batu hiu
Anteb neuteup surupna srangéngé
Séahna angin basisir teu wasa mépéndé kasimpé haté
Bangbaluh angger ngaguruh pagaliwota dina jero dada
Mapay-mapay lamunan nepi ka anjog ka bojong salawé
Kalah angot mingkin réhé
Pagugulungna ombak angger lir nu ngaléléwé
Antukna bangblas ka batu karas...
Haté keukeuh rusras
Ku matak waas nyawang mangsa nu geus lawas
Nalika diri angkleung-angkleungan dina sagara kabagjaan
Hunang-hening ngahariring tembang asih
Silih simbeuh ku kadeudeuh
Meungkeut rundayan duriat geusan mapat dunya akhérat
Tapi kiwari pasini taya nu ngari
Takdir hamo bisa dipungkir
Tresna bet pegat simpayna
Nalangsa batin katalangsara
Kapilara hamo aya ubarna...

Tidak ada komentar:

Posting Komentar