Minggu, 18 Maret 2018

Fikmin "AMBON SORANGAN"

Neuteup fotona. Geulis. Panon cureuleuk, dipasieup ku halis ngajelér paéh. Irung mancung, bubuhan turunan Arab. Jadi inget ka Myriam Farésh, penyanyi ti Lebanon. Nyeplés, teu dipiceun sasieureun. Sampurna. Kuring bogoh. Rarasaan, manéhna ogé pasti bogoheun ka kuring. Kaciri sih tina sikepna.
Jentréng. "Aa, tiasa teu ka bumi téh?" Asa kagareuwahkeun. Ti tadi BBMna can dibales, anteng teuing ngalamun. "Aya naon? Kangen, nya?" Ngabales BBMna. "Surprise, lah! Énggalan wé ka dieu!" Diémbohan emoticon seuri, ngabring. Pikiran geus miheulaan kumalayang. Rék sakalian ditémbak poé ieu, supaya leuwih jongjon. Lain saukur kabogoh dina implengan.

Jol, ka imahna. Rada ramé.
"Aya naon ieu téh?" Noél manéhna.
"Éh, geuning tos sumping? Surpraiiis! Abdi badé tunangan!" Jigrah.
"Nembé gé Aa badé némbak, geuning langsung tunangan? Bener-bener surprise! Nuhun, geulis...!" Kuring rék nangkeup.
"Éy, da sanés sareng Aa!" Undur-unduran.
"Hah...?" Jantung asa dicentok.
"Sareng itu...!" Manéhna nunjuk ka nu karék turun tina mobil.
"Bapa...?" Tetempoan langsung ranyay.

Fikmin "SALAH NGODOK"

Acép geus saged rék indit ka masjid jamé. Maké kopéah bodas, koko bodas, samping BHS, sorban Khasmiri héjo. Tasbéh kaukah diasupkeun kana pésak koko belah kénca, susur di pésak katuhu. Nyokot bungkus roko. Diilikan. "Euh, béak...!" Hanjelu. Rada jauh ka masjid jamé téh. Mahi sabatangeun roko, sabot leumpang. Ngodok pésak calana. Nyokot lokét. Duit saratus rébu nu ngan kari salambar, diasupkeun kana pésak koko kénca. Engké balik ti masjid jamé, rék sakalian meuli roko jeung kopi. Ngarahrahan deui pésak calana. Goréhél, manggih duit dua rébu, keur infaq. Diasupkeun kana pésak katuhu. Kencling, indit.

Di masjid. Mendeko, wiridan. Tasbéh geus meunang sababaraha puteran. Gepluk, ragrag. Nundutan. "Cép...!" Nu diuk gigireun, noél. Koréjat. Culang-cileung. Nu noél, nunjuk kana koropak. Acép upuy-apay kana pésak koko. Duit dipintel-pintel. Teu ditempo heula. Blus, kana koropak. Leng. Gebeg. Leungeunna ngodok pésak deui. Bréh, duit dua rébu nu geus kucel. Ngahuhuleng. Melong koropak nu keur dipapaykeun.

Fikmin "BIGOS"

"Anak Si Ucih mah dasar awéwé teu eucreug, tukang ulin jeung lalaki! Badis wé wc umum, matak pantes mun céndol dikalapaan ogé!" Ceu Acah biwirna kotka nyuruwidil.
"Naha jig-jigan kana wc umum, Ceu?" Nyi Acih ngahuleng.
"Heueuh, saha waé meunang kiih di dinya, asal daék mayar!" Ceu Acah ngajebi. "Hihihi..., bisa wé ka batur téh, ah!" Ma Ocoh nu keur ngabulaéh nyisig, nyikikik.
"Meunggeus! Baku ari geus ngomongkeun batur téh, komo tah Si Acah mah bigos! Bubar, bubar!" Kang Junéd muncereng. Ambek, warungna ngan jadi tempat ngagosip waé. Nu keur ngagarosip, murungkut. Arindit bari angger tingkucuwes.

"Icih, nyanéh di mana? Yeuh, pangnyangraykeun sirinding!" Ceu Acah ngageroan anakna.
"Ih, nyanéh mah ari digero-gero ku kolot téh sok tara daék némbalan!" Kulutrak, mukakeun panto dapur. Bréh, Icih keur babalongkéngan. Di gigireunna, aya petis pakél jeung kadongdong.

Selasa, 13 Maret 2018

Fikmin "KA MASJID"

Ngahaja mun rék indit ka masjid téh, sok rada nguriling. Kahiji sunah, kaduana hayang liwat ka imah manéhna. Mang Karta, tatangga deukeut, ngan kahalangan sababaraha imah. Lain pédah hayang katangar, tapi itung-itung syi'ar. Sugan wé ari ku mindeng nempo nu liwat ka masjid mah, haté Mang Karta katoél jadi hayang nuturkeun.
"Punten, ngiring ngalangkung...." Kuring rengkuh. Mang Karta tibang ngarérét. Haré-haré.
"Hayu, ka masjid sareng, Mang!" Ngarandeg.
"Jung wé rék ka masjid mah, teu kudu ujuk-ajak! Sakalian béjakeun ka Si Ustad, mun keur awong-awongan di masjid, tong sok sindir-sampir! Rék solat, rék henteu, kumaha déwék wé!" Mang Karta muncereng. Kuring ngahuleng. Teu hayang némbalan deui, moal pibenereun.

Sababaraha kali ngajak Mang Karta ka masjid, luput, tara daékeun. Mindeng malik nyarékan, nepikeun ka kungsi malédog ku cungkir. Tapi poé ieu, Mang Karta aya ka masjid. Kuring ngan wasa ngeclakkeun cipanon, nempo Mang karta panghareupna. Ngajepat.

Rabu, 28 Februari 2018

Fikmin "PILKADUT"

Gedé haté, nempo simpatisan sakitu merulna. Ti isuk nepi ka tengah peuting, imah tara suwung ku sémah. Jul-jol nu méré dukungan. Loba nu milu cakah-cikih, nguruskeun nyieun baliho, kaos, stiker, jeung sajabana.
"Bapa pasti janten!" Kang Obay, inohong ti Cibojong, nangkeup sabari nampanan amplop.
"Keureut ceuli déwék, mun nepi ka Pa Dodi teu jadi!" Darman, jawara Pasir Ungked, hahaok. Ngacungkeun peureupna.
"Hidup, Pa Dodi!" Nu ngariung di hareupeun imah, tingcorowok.
Reugreug. Sanajan kudu loba medol modal usaha ogé, teu panasaran. Mun kurang kénéh, aya sertifikat imah jeung pabrik nu bisa diborahkeun ka bank. Keun, engké ogé mun geus jadi mah, tangtu bakal kapulangkeun deui ieuh.

Nu surak ayeuh-ayeuhan, ngabagéakeun calon pamingpin anyar. Itungan sora geus kacida jomplangna. Sung-song nu sasalaman. Pada ngagabrug. Kuring ngusap beungeut sababaraha kali. Tingkolébat naon nu bakal disanghareupan.
"Hidup, Pa Rahmat...!" Asa ngajelengéng kana ceuli. Kang Obay jeung Darman, ngagéndéng Pa Rahmat nu meunang pamilihan. Leng.

Selasa, 22 Agustus 2017

Fikmin "IKHLAS"

Proposal dibulak-balik, dibaca kalawan gemet.
"Kaleresan nuju aya rezeki langkung, insya Allah abdi nyumbang sapuluh juta." Ngasongkeun proposal ka Pa RT. 
"Alhamdulillah, mugia Bapa sing langkung digampilkeun tur diseueurkeun deui rezekina...." Pa RT ngangkatkeun dua leungeunna. Paromanna marahmay. 
"Aamiin...! Tapi teu kedah diseratkeun nami abdi, cekap Hamba Allah wé," cekéng. Kuring ikhlas nyumbang, lain pédah hayang katangar. 

Poé Juma'ah, méméh adzan, Pa RT biantara. "Alhamdulillah, dana nu kakumpulkeun kanggo ngaréhab masjid, tos kénging lima puluh juta. Aya saurang jama'ah, Hamba Allah, nu nyumbang pangageungna, sapuluh juta...." Pa RT pérélé ngalaporkeun dana nu asup jeung kaluar. Jama'ah tinglalieuk. Tingkucuwes. 
"Nu nyumbang sapuluh juta, jigana Pa Haji Mansur," Mang Engkos nu diuk gigireun, ngaharéwos. 
"Lain, ah! Pa Haji Mansur mah, beunghar ogé kumed! Ceuk uingah, pasti Pa Haji Jamhur!" Mang Karta némpas. 
"Kabéh ogé salah! Bisi hayang apal, Hamba Allah éta téh déwék!" Kuring ngagebés. Irung karasa rada rebéh. 

Jumat, 07 Juli 2017

FIKMIN "HAPÉ RUKSAK"

Keur anteng mukaan Facebook, sura-seuri sorangan maca pairan-pairan babaturan anu ngabarojég. Torojol Aki Jumanta, tatangga gigireun imah.
"Batan cengar-cengir kitu mah, coba pangngomékeun hapé Aki!" Ngasongkeun hapé.
"Nyurup ka anu gaduhna hapé téh, Ki," cekéng, nyéréngéh. Nampanan hapé.
"Na kumaha, kitu?" Aki Jumanta molohok, teu ngarti.
"Sami-sami jadul...!" Kuring ngagakgak.
"Euh, ka kolot téh kitu, ah!" Seuri, némbongkeun huntuna anu geus coréngcang.
"Naonna nu reksak, Ki?" Ngilikan hapé
"Puguh teu daékeun sada waé, Cép," pokna. Hapé dicobaan. Dipaké nelepon ka operator. Alus, sorana ngoncrang.
"Ah, hapéna mah saé, Ki." Ngabulak-balik hapé.
"Ih, puguh euweuh soraan. Ruksak!" Keukeuh.
"Henteu, Ki. Nembé ku abdi dicobian nelepon, saé." Nyobaan deui hapé. Angger alus.
"Aki meuli hapé ieu téh, bélaan ngajual éntog. Ceuk tadina mah, supaya babari mun budak-budak Aki hayang nelepon nanyakeun kaayaan Aki. Tapi..., geus lila euweuh saurang ogé anu nelepon...." Aki Jumanta carinakdak.
Kuring ngahuleng. Ras.