Senin, 26 Agustus 2013

Leumpeuh méméh maneuh

Ku teu sangka....
sirung gandrung nu mimiti renung
bet kalah leumpeuh méméh maneuh
asih kasilih peurih...
katresna nu mancawura
ayeuna éstu taya nu nyésa

Kembang-kembang harepan ngarangrangan
rasa rumasa muraykeun panglamunan
malati nu dipusti-pusti
teu ngari mapaésan patamanan ati
kadeudeuh disieuh-sieuh,
kasono hamo deui ngadodoho...

Minggu, 25 Agustus 2013

Sabar

Cenah, ari nu ngaranna sabar téh nyaéta di mana-mana meunang kateu ngeunahan, teu bébéja ka sasaha anging ka Alloh. Jadi lamun masih kénéh sok bébéja ka papada makhluk mah, éta can bisa disebutkeun sabar dina harti anu saéstuna.

Anapon ari sabar éta kabagi tilu :

1. Sabar dina to'at. To'at ngalakonan paréntah Alloh atawa ibadah, éta mangrupakeun kateu ngeunahan mungguh hawa napsu. Contona, urang keur genah-genah saré bari diharudum simbut, ngong wéh adzan Subuh. Mungguh hawa napsu mah pasti hayang angger wé ngaréngkol, tapi lamun urang ngeupiskeun kahoréam, tuluy hudang kalayan sadar rék nohonan kawajiban kana panggero pikeun ibadah ka Alloh, mangka éta ngaranna urang sabar dina to'at.

2. Sabar kana ma'siyat. Ari nu ngaranna ma'siyat, éta pasti karasana ngeunah mungguh hawa nafsu. Contona, lamun urang keur dina angkot, ari pék nu diuk hareupeun téh awéwé geulis, bahénol nérkom, maké lékmong jeung erok mini. Ceuk hawa nafsu mah lebar mun teu ditempo, meungpeung aya. Tapi lamun urang muntang ka Alloh, tuluy malieuskeun panempo, satékah polah ngeupiskeun rasa hayang rarampa, tah éta hartina urang sabar kana ma'siyat.

3. Sabar kana musibah. Tah, ieu pisan anu biasa dihartikeun sabar dina kahirupan sapopoé. Contona, kaluar ti masjid tos tarawéh, ari pék sendal aya nu ngarampid, jaba kiriditanana can lunas deuih. Lamun urang teu aral atawa nyumpahan nu nyolongna sing réngkod, mangka éta kaasup sabar kana musibah.

Kitu wé lah..., téwéwéw gejlig!

Jumat, 23 Agustus 2013

Guaran Ngeunaan Kasunnahan Ngalafadzkeun Niat (Talaffudz binniyah) Dina Sholat


Ngalafadzkeun niat geus masyhur di golongan masarakat, hal ieu lain tanpa dasar tapi alatan mémang ngabogaan tatapakan dina élmu fiqh. Conto ngalafadzkeun niat nyaéta maca
اصلي فرض الظهر أربع ركعات مشتقبل القبلة اداء…. (مأموما) (إماما) لله تعالي
“Usholli fadlod-dhuhri arba’a roka’atin mustaqbilal qiblati ada-an..(ma’muman/imaman) lillahi ta’alaa”
Hartina, “Neja kuring solat dhuhur 4 roka’at nyanghareup kiblat alatan Alloh ta’alaa”, hal sarupaning ieu biasa dibaca ku golongan Muslimin (utamana di Indonésia) saméméh Takbirotul Ihrom hartina dibaca saméméh ngalaksanakeun solat, henteu babarengan jeung solat sarta lain bagéan ti rukun solat.

Kawas anu geus dipikanyaho yén mimitina solat nyaéta niat sarta takbirotul ihrom dipigawé babarengan jeung niat. Niat henteu miheulaan takbir (Takbirotul Ihrom) sarta henteu ogé sanggeus takbir. Sakumaha disebutkeun ku al-imam asy-syafi’i dina kitab Al-umm Juz 1, dina Bab Niat dina Solat (باب النية في الصلاة ) ;

قال الشافع: والنية لا تقوم مقام التكبير ولا تجزيه النية إلا أن تكون مع التكبير لا تتقدم التكبير ولا تكون بعده

“..niat henteu bisa ngagantikeun takbir, sarta niat teu nyukupan sajaba babarengan jeung Takbir, niat henteu miheulaan takbir sarta henteu (ogé) sanggeus Takbir.”

Sakali deui, niat éta babarengan jeung Takbir. Hal sarupa ogé dicarioskeun ku al-‘Allamah asy-syaikh Zainuddin bin Abdul ‘Aziz al-malibariy asy-syafi’i dina Fathul Mu’in kaca 16 ;

. (مقرونا به) أي بالتكبير، (النية) لان التكبير أول أركان الصلاة فتجب مقارنتها به،

“..Takbirotul ihrom kudu dipigawé babarengan jeung niat (solat), alatan takbir nyaéta rukun solat anu mimiti, mangka wajib babarengan jeung niat”

Al-imam An-nawawi, dina Kitab Raudhotut Tholibin, dina fashal (فصل في النية يجب مقارنتها التكبير)

يجب أن يبتدىء النية بالقلب مع ابتداء التكبير باللسان
“diwajibkeun mitembeyan niat ku haté babarengan jeung takbir kalayan lisan”

Al-qodhi Abu al-hasan al-mahamiliy, dina kitab Al-lubab fi al-fiqh asy-syafi’i, dina babaran (باب فرائض الصلاة) ;

النية، والتكبير، ومقارنة النية للتكبير
“Niat sarta Takbir, niat babarengan kalayan takbir”

Asy-syékh Abu Ishaq asy-syairoziy, dina Tanbih fi Fiqh Asy-syafi’i (1/30):

وتكون النية مقارنة للتكبير لا يجزئه غيره والتكبير أن يقول ألله أكبر أو الله الأكبر لا يجزئه غير ذلك
“sarta ayana niat babarengan kalayan takbir, teu mahi sajaba ti éta. sarta takbir nyaéta ngedalkeun (ألله أكبر) atawa ( الله الأكبر), sajaba anu kitu teu pisan-pisan cukup (lain takbir).”

Jadi, solat geus disebutkeun dimimitian dimana-mana geus takbirotul Ihrom anu sakaligus babarengan jeung niat (antara niat sarta takbir nyaéta babarengan). Pagawéan atawa kedalan naon waé saméméh éta, lain asup dina rukun solat, kitu ogé kalayan ngalafadzkeun niat, lain asup dina bagéan ti (rukun) solat.

Tempatna niat nyaéta di jero haté. Sakumaha diterangkeun dina Fiqh Sunnah, Sayyid Sabiq, dina babaran فرائض الصلاة

ومحلها القلب لا تعلق بها باللسان أصلا
“niat tempatna dina haté, dina asalna henteu cumantél kalayan lisan”

Al-allamah Al-imam An-nawawi, dina kitab Al-majmu’ (II/43):

فإن نوى بقلبه دون لسانه أجزأه
“saéstuna niat kalawan haté tanpa lisan geus cukup,

Al-imam Syamsuddin Abu Abdillah Muhammad bin Qosim asy-syafi’i, dina Kitab Fathul Qorib, dina babaran Ahkamush Solat ;

النِّيَةُ) وَ هِيَ قَصْدُ الشَّيْءِ مُقْتَرَناً بِفِعْلِهِ وَ مُحَلُّهَا اْلقَلْبُ
“niat nyaéta ngamaksudkeun hiji hal babarengan kalayan migawéna sarta tempat niat éta aya di jero haté.”

Al-imam Taqiyuddin Abu Bakar bin Muhammad Al-husaini, dina Kifayatul Ahyar, dina bab (باب أركان الصلاة)]

واعلم أن النية في جميع العبادات معتبرة بالقلب فلا يكفي نطق للسان
“Kanyahokeun yén niat dina kabéh ibadah diitung-itung kalayan haté mangka teu mahi ngan ukur ku ngalafadzkeun kalayan lisan”

Kitu ogé disebutkeun dina kitab anu sarua (Kifayatul Akhyar) dina bab باب فرائض الصوم

لا يصح الصوم إلا بالنية للخبر، ومحلها القلب، ولا يشترط النطق بها بلا خلاف
Henteu sah puasa kajaba kalawan niat, dumasar khobar (hadits shohih), tempatna niat dina haté, sarta henteu syaratkeun ngedalkeunana tanpa aya khilaf”

Katerangan: dina bab Fardhu Puasa ieu, ngedalkeun niat henteu disyaratkeun hartina lain mangrupa sarat ti puasa. Ku kituna tanpa ngedalkeun niat, puasa tetep sah. Kitu ogé dina solat, ngalafadzkeun (ngedalkeun) niat solat lain mangrupa sarat tina solat, lain bagéan ti fardhu solat (rukun solat). Jadi, boh ngalafadzkeun niat (talaffudz binniyah) boh henteu, teu pisan-pisan ngajadikeun solat henteu sah, henteu ogé ngurangan atawa nambah-nambah rukun solat.

Al-imam Ibnu Hajar Al-haitamiy, dina Tuhfatul Muhtaj (تحفة المحتاج بشرح المنهاج) [II/12]:

والنية بالقلب
“sarta niat kalawan haté”

Al-hujjatul Islam Al-’Allamah Al-faqih Al-imam Al-ghozaliy, dina kitab Al-wajiz fi Fiqh Al-imam Asy-syafi’i, Juz I, Kitabus Solat dina al-bab ar-robi’ fi Kaifiyatis Solat ;

“niat kalawan haté sarta lain kalawan lisan”

Kabéh katerangan diluhur ngécéskeun yén niat tempatna dina haté, niat amalan haté atawa niat kalawan haté. Kitu ogé niat solat nyaéta dina haté, sedengkeun ngalafadzkeun niat (Talaffudz binniyah) lain mangrupa niat, lain ogé pagawéan haté (lain amalan haté) tapi pagawéan anu dipigawé ku lisan. Niat dimaksudkeun pikeun nangtukeun hiji hal pagawéan anu baris dipigawé, niat dina solat dimaksudkeun pikeun nangtukeun solat anu baris dipigawé. Kalayan kecap séjén, niat nyaéta ngamaksudkeunana hiji hal. Ibnu Manzur dina kitabna anu kawéntar nyaéta Lisanul ‘Arab (15/347) nyarioskeun ;

” Nganiatkeun hiji hal hartina ngamaksudkeunana sarta ngayakinanana. Niat nyaéta arah anu dituju”.

Sakumaha ogé disebutkeun dina kitab Fathul Qorib:

وَ هِيَ قَصْدُ الشَّيْءِ مُقْتَرَناً بِفِعْلِهِ
“niat nyaéta ngamaksudkeun hiji hal babarengan kalayan migawéna”

Al-fiqh al-manhaji ‘ala Madzhab Al-imam asy-syafi’i, dina babaran Arkanush Solat ;

وهي قصد الشيء مقترناً بأول أجزاء فعله، ومحلها القلب. ودليلها قول النبي”إنما الأعمال بالنيات”
“(Niat), nyaéta neja (ngamaksudkeun) hiji hal babarengan jeung sawaréh ti migawéna, tempatna dina haté. dalilna pidawuh Nabi SAW ; (“إنما الأعمال بالنيات”)”

Al-’Allamah Asy-syékh Muhammad Az-zuhri Al-ghomrowiy, dina As-siroj Al-wahaj (السراج الوهاج على متن المنهاج)

وهي شرعا قصد الشيء مقترنا بفعله وأما لغة فالقصد
“(niat) nurutkeun syara’ nyaéta neja hiji hal babarengan kalayan migawéna, sarta nurutkeun lughoh nyaéta neja”

Mangka, dijelaskeun deui di dieu. Niat nyaéta amalan haté, niat solat dipigawé babarengan kalayan takbirotul Ihrom, mangrupa bagéan ti solat (rukun solat), sedengkeun ngalafadzkeun niat (ngedalkeun niat) nyaéta amalan lisan (pagawéan lisan), anu ngan dipigawé saméméh takbirotul Ihrom, hartina dipigawé saméméh asup dina bagéan solat (rukun solat) sarta lain mangrupa bagéan ti rukun solat. Niat solat henteu sarua kalayan ngalafadzkeun niat.

Ngalafadzkeun niat (Talaffudz binniyah) hukumna sunnah. Kasunnahan ieu diqiyaskeun kalayan ngalafadzkeun niat Haji, sakumaha Rosulullah dina sawatara kasempetan ngalafadzkeun niat nyaéta dina ibadah Haji.

عَنْ اَنَسٍ رَضِيَ اللهُ عَنْهُ قَالَ سَمِعْتُ رَسُوْلَ اللهِ صَلَّى اللهُ عَلَيْهِ وَسَلَّمَ يَقُوْلُ: لَبَّيْكَ عُمْرَةً وَحَجًّا (رواه مسلم)

“Ti sohabat Anas ra nyarios: “Kuring ngadéngé Rasulullah SAW ngedalkeun “Kuring nohonan panggero Anjeun (Yaa Alloh) pikeun (midamel) umroh sarta haji” (HR. Imam Muslim)

Dina Fiqh As-sunnah I kaca 551 Sayyid Sabiq nuliskeun yén salah saurang Sohabat ngadangu Rosulullah SAW ngedalkeun (نَوَيْتُ الْعُمْرَةَ اَوْ نَوَيْتُ الْحَجَّ) “Kuring niat migawé ibadah Umroh atawa Kuring niat migawé ibadah Haji”

أنه سمعه صلى الله عليه وسلم يقول: ” نويت العمرة ، أو نويت الحج

Mémang, nalika Rosululloh SAW ngalafadzkeun niat éta waktu ngajalankeun ibadah haji, tapi ibadah séjénna ogé bisa diqiyaskeun jeung hal ieu, kitu ogé kasunnahan ngalafadzkeun niat dina solat ogé diqiyaskeun kalayan panglafadzan niat dina ibadah haji. Hadits éta mangrupa salah sahiji tatapakan kana Talaffudz binniyah.

Hal ieu, sakumaha ogé disebutkeun ku al-‘Allamah al-imam Ibnu Hajar al-haitami (ابن حجر الهيتمي ) dina Kitab Tuhfatul Muhtaj (II/12) ;

(ويندب النطق) بالمنوي (قبيل التكبير) ليساعد اللسان القلب وخروجا من خلاف من أوجبه وإن شذ وقياسا على ما يأتي في الحج

“Sarta disunnahkeun ngalafadzkeun (ngedalkeun) niat saméméh takbir, ambéh lisan bisa mantuan haté sarta ogé pikeun kaluar ti khilaf ulama anu ngawajibkeunana sanajan (pamadegan anu ngawajibkeun ieu) nyaéta syad (méngpar), sarta Kasunnahan ieu ogé alatan qiyas ka ayana panglafadzan dina niat haji”

Qiyas ogé jadi dasar dina élmu Fiqh,

Al-allamah Asy-syekh Zainuddin bin Abdul Aziz dina Fathul Mu’in kaca 1:

واستمداده من الكتاب والسنة والاجماع والقياس.
Élmu Fiqh dasarna nyaéta kitab Al-qur’an, as-sunnah, Ijma sarta Qiyas.

Al-imam Nashirus Sunnah Asy-syafi’i, dina kitab anjeunna Ar-risalah الرسالة:

أن ليس لأحد أبدا أن يقول في شيء حل ولا حرم إلا من جهة العلم وجهة العلم الخبر في الكتاب أو السنة أو الأجماع أو القياس
..salawasna henteu meunang hiji jalma ngomong dina hukum boh halal boh haram kajaba aya kanyaho ngeunaan éta, kanyaho éta téh al-kitab (al-qur’an), as-sunnah, Ijma; sarta Qiyas.”

قلت لو كان القياس نص كتاب أو سنة قيل في كل ما كان نص كتاب هذا حكم الله وفي كل ما كان نص السنة هذا حكم رسول الله ولم نقل له قياس

Kuring (Imam Syafi’i nyarios), Lamun aya Qiyas éta mangrupa nash Al-qur’an sarta As-sunnah, disebutkeun saban perkara aya nashna dina Al-qur’an mangka éta hukum Alloh (al-qur’an), lamun aya nashna dina as-sunnah mangka éta hukum Rosul (sunnah Rosul), sarta kuring henteu ngangaranan éta minangka Qiyas (lamun geus aya hukumna dina al-qur’an sarta Sunnah).

Jadi, ngalafadzkeun niat solat anu dipigawé saméméh takbirotul Ihrom nyaéta amalan sunnah kalayan diqiyaskeun ka ayana panglafadzan niat haji ku Rosulullah SAW. Sunnah dina harti élmu fiqh nyaéta lamun dipigawé meunang ganjaran tapi lamun ditinggalkeun henteu nanaon. Sanajan teu ngalafadzkeun niat, solat angger sah sarta ngalafadzkeun niat henteu ngaruksak kana sahna solat sarta henteu ogé kaasup nambah-nambah rukun solat.

Ulama Syafi’iyyah séjénna anu nyunnahkeun ngalafadzkeun niat (Talaffudz binniyah) nyaéta ;

Al-allamah asy-syekh Zainuddin bin Abdul Aziz al-malibariy (Ulama Madzhab Syafi’iiyah), dina kitab Fathul Mu’in bi syarhi Qurrotul ‘Ain bimuhimmati ad-din, kaca 16 ;

. (و) سن (نطق بمنوي) قبل التكبير، ليساعد اللسان القلب، وخروجا من خلاف من أوجبه.

“Disunnahkeun ngedalkeun niat saméméh takbirotul ihrom, ambéh lisan bisa mantuan haté (kakhusuan haté), sarta alatan kaluar ti khilaf ulama anu ngawajibkeunana.”

Al-imam Muhammad bin Abi al-’Abbas Ar-romli/Imam Romli kaceluk ku sebutan “Syafi’i Leutik” [الرملي الشهير بالشافعي الصغير] dina kitab Nihayatul Muhtaj (نهاية المحتاج), juz I: 437:

وَيُنْدَبُ النُّطْقُ بِالمَنْوِيْ قُبَيْلَ التَّكْبِيْرِ لِيُسَاعِدَ اللِّسَانُ القَلْبَ وَلِأَنَّهُ أَبْعَدُ عَنِ الوِسْوَاسِ وَلِلْخُرُوْجِ مِنْ
خِلاَفِ مَنْ أَوْجَبَهُ

“Disunnahkeun (mandub) ngalafadzkeun niat saméméh takbirotul Ihrom ambéh lisan bisa mantuan haté (kakhusuan haté), ambéh dijauhkeun tina gangguan haté (was-was) sarta alatan kaluar ti khilaf ulama anu ngawajibkeunana”.

Asy-syeikhul Islam al-imam al-hafidz Abu Yahya Zakaria Al-anshoriy (Ulama Madzhab Syafi’iyah) dina kitab Fathul Wahab Bisyarhi Minhaj Thullab (فتح الوهاب بشرح منهج الطلاب) [I/38]:

( ونطق ) بالمنوي ( قبل التكبير ) ليساعد اللسان القلب

“(Disunnahkeun) ngedalkeun niat saméméh Takbir (takbirotul Ihrom), ambéh lisan bisa mantuan haté..”

Diécéskeun (dituluykeun) deui dina Kitab Syarah Fathul Wahab nyaéta Hasyiyah Jamal Ala Fathul Wahab Bisyarhi Minhaj Thullab, karangan Al-’Allamah Asy-syéikh Sulaiman Al-jamal ;

وَعِبَارَةُ شَرْحِ م ر لِيُسَاعِدَ اللِّسَانُ الْقَلْبَ وَلِأَنَّهُ أَبْعَدُ عَنْ الْوَسْوَاسِ وَخُرُوجًا مِنْ خِلَافِ مَنْ أَوْجَبَهُ انْتَهَتْ
“sarta hiji guaran, ambéh lisan bisa mantuan haté, nyingkahan tina was-was, sarta pikeun kaluar ti khilaf ulama anu ngawajibkeunana, peun!”

Al-imam Syamsuddin Muhammad bin Muhammad Al-khotib Asy-syarbainiy, dina kitab Mughniy Al Muhtaj ilaa Ma’rifati Ma’aaniy Alfaadz Al Minhaj (1/150) ;

( ويندب النطق ) بالمنوي ( قبل التكبير ) ليساعد اللسان القلب ولأنه أبعد عن الوسواس
“Disunnnahkeun ngedalkeun niat saméméh takbir, ambéh lisan bisa mantuan haté sarta saéstuna pikeun nyingkahan kawas-wasan (gangguan haté)”

Al-’Allamah Asy-syekh Muhammad Az-zuhri Al-ghomrowiy, dina As-siroj Al-wahaj (السراج الوهاج على متن المنهاج) dina babaran ngeunaan Solat ;

ويندب النطق قبيل التكبير
ليساعد اللسان القلب
“sarta disunnahkeun ngedalkeun (niat) saméméh takbiratul Ihrom, ambéh lisan bisa mantuan haté”

Al-‘Allamah Sayid Bakri Syatho Ad-dimyathiy, dina kitab I’anatut Tholibin (إعانة الطالبين) [I/153] ;

(قوله: وسن نطق بمنوي) أي ولا يجب، فلو نوى الظهر بقلبه وجرى على لسانه العصر لم يضر، إذ العبرة بما في القلب. (قوله: ليساعد اللسان القلب) أي ولانه أبعد من الوسواس. وقوله: وخروجا من خلاف من أوجبه أي النطق بالمنوي
“[disunnahkeun ngalafadzkeun niat] maksudna (éta ngalafadzkeun niat) henteu wajib, mangka lamun kalayan haténa boga niat solat dzuhur tapi lisanna ngedalkeun solat asar, mangka henteu jadi masalah, anu dianggap nyaéta dina haté. [ambéh lisan mantuan haté] maksudna nyaéta nyingkahan tina was-was. [Nyingkahan pagedug jeung ulama anu ngawajibkeun] maksudna kalayan (ulama anu ngawajibkeun) ngalafadzkeun niat.”

Al-‘Allamah Asy-syekh Jalaluddin Al-mahalli, dina kitab Syarah Mahalli Ala Minhaj Tholibin (شرح العلامة جلال الدين المحلي على منهاج الطالبين) Juz I (163):

(وَيُنْدَبُ النُّطْقُ) بِالْمَنْوِيِّ (قُبَيْلَ التَّكْبِيرِ) لِيُسَاعِدَ اللِّسَانُ الْقَلْبَ
“sarta disunnahkeun ngedalkeun niat saméméh takbir (takbirotul Ihrom), ambéh lisan bisa mantuan haté””

Tujuan ti ngalafadzkeun niat (Talaffudz binniyah) sakumaha diécéskeun diluhur nyaéta ambéh lisan bisa mantuan haté nyaéta mantuan kakhusuan haté, ngajauhkeun tina was-was (gangguan haté), sarta pikeun nyingkahan pagedug jeung ulama anu ngawajibkeunana. Sajaba ti éta lafadz niat nyaéta ngan pikeun ta’kid nyaéta panguat naon anu diniatkeun.

Nyarioskeun shohibul Mughniy: Lafdh bimaa nawaahu kaana ta’kiidan (Lafadz ti naon naon anu diniatkeun éta téh pikeun panguat niat wungkul) (Al Mughniy Juz 1 kaca 278), kitu ogé diécéskeun dina Syarh Imam Al Baijuri Juz 1 kaca 217 yén lafadh niat lain wajib, tapi ngan saukur pikeun mantuan wungkul.

Perlu dipikanyaho yén ulama anu ngawajibkeun (talaffudz binniyah) ogé dinisbatkeun ka madzhab Syafi’iyyah sabab mémang masih ti madzhab Syafi’i. Anjeunna nyaéta Abu Abdillah az-zubairiy (أبي عبد الله الزبيري). Anjeunna ngawajibkeun ngalafadzkeun niat dumasar pamahamanana ka cariosan Imam Syafi’i ngeunaan “an-nuthq (النطق). Nurutkeun pamahaman anjeunna naon anu dimaksud ku Imam Syafi’i kalayan “an-nuthq (النطق)” nyaéta ngalafadzkeun niat. Padahal anu dimaksud ku Imam Syafi’i kalayan an-nuthq (النطق) nyaéta Takbir (Takbirotul Ihrom), nurutkeun Al-imam Nawawi. Hal ieu dijelaskeun dina Kitab Al-majmu’ (II/43) ;

، لأن الشافعي رحمه الله قال في الحج: إذا نوى حجا أو عمرة أجزأ ، وإن لم يتلفظ وليس كالصلاة لا تصح إلا بالنطق
“Alatan saéstuna Al-imam asy-syafi’i nyarioskeun dina (Bab) Haji: “lamun hiji jalma boga niat ngalakukeun ibadah haji atawa umroh dianggap cukup sanajan henteu dilafadzkeun. Henteu kawas solat, henteu dianggap sah kajaba kalayan ngalafadzkeunana (an-nuthq)”

Jadi, anjeunna (Abu Abdillah az-zubairiy ) maham yén Imam Syafi’i ngasupkeun talaffudz binniyah jadi bagéan ti sarat sahna solat, padahal henteu kitu.

Mangka, éta sababna pamadegan anu ngawajibkeun ieu disebutkeun syad (méngpar) ku Al-imam Ibnu Hajar Al-haitamiy dina Tuhfatul Muhtaj (II/12):

وخروجا من خلاف من أوجبه وإن شذ وقياسا على ما يأتي في الحج
” sarta (ogé) pikeun kaluar ti khilaf ulama anu ngawajibkeunana sanajan (pamadegan anu ngawajibkeun ieu) nyaéta syad (méngpar)”

Imam an-nawawi dina kitab Al-majmu’ (II/43) ogé ngécéskeun kasalahan éta;

قال أصحابنا: غلط هذا القائل ، وليس مراد الشافعي بالنطق في الصلاة هذا ، بل مراده التكبير
“sawatara shohabat kuring nyarioskeun: “Anu ngomong hal éta geus kaliru. Lain éta anu dimaksudkeun ku Al-imam Asy-syafi’i kalayan kecap “an-nuthq (ngalafadzkeun)” di jero solat, tapi anu dimaksudkeun nyaéta Takbir (Takbirotul Ihrom)”

Sakitu éndahna cariosan Imam Nawawi, Imam Nawawi nyebutkeun Syekh Abu Abdillah az-zubairy ku sebutan “Ashabinaa”, sanajan Imam Nawawi henteu nyatujuan pamadeganana. Tuladan anu pohara alus dina nanggepan khilafiyah.

Pohara éndahna cariosan-cariosan ulama, aranjeunanana sabisa-bisa nyingkahan pagedug komo dina perkara anu kawas kieu. Henteu kawas jaman ayeuna, sawaréh golongan jalma sok ngangkat perkara khilafiyah sarta gampang pisan sungut maranéhanana nyieun tuduhan bid’ah ka pamadegan anu séjénna. Padahal kalayan kecap séjén, tuduhan bid’ah anu ku maranéhanana dituduhkeun, hakékatna geus ngaweweléh sarta nuduh ulama-ulama madzhab anu geus nyunnahkeunana.

Kasunnahan ngalafadzkeun niat ti ulama Syafi’iiyah ogé bisa dititénan dina kitab ulama syafi’iiyah séjénna, kawas Hasyiyah al-bajury I/149, Mughny al-muhtaj I/148-150. 252-253, al-muhadzab I/70, al-majmu’ Syarh al-muhadzab III/243-252.

Dina madzhab séjénna sajaba madzhab Syafi’iiyah ogé nyunnahkeun ngalafadzkeun niat, contona ; Mazhab Hanafi (Ulama Hanafiyah) boga pamadegan yén niat solat nyaéta boga maksud pikeun ngalaksanakeun solat alatan Alloh sarta tempatna dina haté, tapi henteu disyaratkeun ngalafadhkeunana kalayan lisan. Sedengkeun ngalafadhkeun niat kalayan lisan sunnah hukumna, minangka mantuan kasampurnaan niat dina haté. Sarta nangtukeun jenis solat dina niat nyaéta leuwih afdhol. [al-badai’ I/127. Ad-durru al-muhtar I/406. Fathu al-qodir I/185 sarta al-lubab I/66]

Mazhab Hanbali (Ulama Hanabilah) boga pamadegan yén niat nyaéta boga maksud pikeun ngalakonan ibadah, anu boga tujuan pikeun ngaraketkeun diri ka Alloh. Solat henteu sah tanpa niat, tempatna dina haté, sarta sunnah ngalafadzkeun kalayan lisan, disyaratkan ogé nangtukeun jenis solat sarta tujuan migawena. [al-mughny I/464-469, sarta II/231. Kasy-syaaf al-qona’ I364-370]

Mazhab Maliki (Ulama Malikiyah) boga pamadegan yén niat nyaéta boga maksud pikeun ngalaksanakeun hiji hal sarta tempatna dina haté. Niat dina solat nyaéta sarat sahna solat, sarta leuwih hadé henteu ngalafadzkeun niat, ambéh leungit karagu-raguanana. Niat solat wajib babarengan jeung Takbirotul Ihrom, sarta wajib nangtukeun jenis solat anu dipigawé [asy-syarhu ash-shoghir wa-hasyiyah ash-showy I/303-305, al-syarhu al-kabir ma’ad-dasuqy I/233 sarta 520]

DR. Wahbah Zuhaili dina kitab Al-fiqhul Islam I/767: “Disunnatkeun ngalafadzkeun niat nurutkeun jumhur sajaba madzab maliki.” Dina kitab anu sarua ogé diécéskeun ngeunaan pamadegan madzhab Maliki, jilid I/214 yén: “Anu utama nyaéta henteu ngalafadzkeun niat kajaba pikeun jalma-jalma anu boga panyakit was-was, mangka disunnatkeun pikeunana ambéh leungit batanana karagu-raguan”.

Jadi, sakali deui tujuan ti ngalafadzkeun niat (Talaffudz binniyah) nyaéta ambéh lisan bisa mantuan haté nyaéta mantuan kakhusuan haté, ngajauhkeun tina was-was (gangguan haté), sarta pikeun nyingkahan pagedug jeung ulama anu ngawajibkeunana. Sajaba ti éta lafadz niat nyaéta ngan pikeun ta’kid nyaéta panguat naon anu diniatkeun. Talaffudz binniyah numutkeun madzhab Imam Syafi’i hukumna sunat, dipigawé meunang ganjaran, teu dipigawé ogé teu nanaon, solat angger sah sarta ngalafadzkeun niat henteu ngaruksak kana sahna solat sarta henteu ogé kaasup nambah-nambah rukun solat.

والله اعلم بالصواب

Rabu, 14 Agustus 2013

Bet Kieu Jadina...

Duh naha bet kieu jadina...
nalika diri bungangang nyandang kahayang
seja nyangreudkeun tali asih nu hamo kasilih,
nganyam katresna nu taya pegatna,
ngabébénjo kasono nu hantem ngadodoho,
salira kawas nu teu surti kana ieu eusining ati,
éstu taya pisan basa pangbeberah rasa...
ah...nu ku salira disebat cinta
...taya pisan buktina...
Hariring asih nu biasana éndah mépéndé haté
kiwari karasana réhé lir nu ngaléléwé...
Antukna diri sakaparan-paran nyorang petengna pangharepan
.....nyorangan.

Selasa, 13 Agustus 2013

Opat Malaékat Nu Ngadatangan Jelema Gering

يِسْمِ اللهِ الرَّحْمَنِ الرَّحِيْمِ

Lamun urang nyaho, sabenerna euweuh alesan pikeun ngarasa hanjelu sarta humandeuar waktu urang gering, alatan sabenerna éta téh kaasih tur kanyaah Alloh SWT ka diri urang. Urang sok humandeuar waktu gering téh alatan urang teu nyaho rusiahna.

Saéstuna Alloh ngutus opat malaékat pikeun ngajaga urang dina waktu gering.

Rosululloh SAW ngadawuh : “Lamun saurang hamba anu iman nalangsara gering, mangka Alloh maréntahkeun ka para malaékat pikeun nulis pagawéan anu pangalusna anu dipigawé hamba mu’min éta dina waktu cageur sarta dina waktu gumbirana.”  hadits Rosululloh SAW éta diriwayatkeun ku Abu Imamah al-Bahili.

Dina hadist anu séjén Rosululloh ngadawuh :

“Lamun saurang hamba mu’min gering, mangka Alloh ngutus opat malaékat pikeun datang ka manéhna.”

Alloh maréntahkeun:

1. Malaékat kahiji pikeun nyokot kakuatan awakna ku kituna sok ngarasa lalungsé.

2. Malaékat kadua pikeun nyokot rasa ngeunahna kadaharan tina sungutna

3. Malaékat katilu pikeun nyokot cahya caang dina beungeutna ku kituna sok robah beungeut jalma gering jadi sepa/ pias.

4. Malaékat kaopat pikeun nyokot kabéh dosana, mangka éta jalma gering jadi suci tina dosa.

Nalika Alloh baris nyageurkeun jalma mu’min éta, mangka Alloh maréntahkeun ka malaékat kahiji, kadua, sarta katilu pikeun mulangkeun kakuatan awakna, rasa ngeunah barangdagarna ku kituna sok aya paribasa mamayu, sarta cahya beungeut éta jalma mu’min. Tapi pikeun malaékat kaopat, Alloh henteu maréntahkeun
pikeun mulangkeun dosa-dosana ka éta jalma mu’min.

Mangka sarujud para malaékat éta ka Alloh bari ngomong: “Yaa Alloh naha dosa-dosa ieu ku Gusti teu diwangsulkeun?” waleran Alloh: “Henteu alus pikeun kamuliaan Kaula lamun Kaula mulangkeun dosa-dosana sanggeus Kaula ngahésékeun kaayaan dirina nalika gering. Pék indit sarta piceun dosa-dosa éta ka sagara.”

Kalayan sabab ieu, mangka jaga jalma gering éta indit ka alam ahérat sarta kaluar ti dunya dina kaayaan suci ti dosa sakumaha pidawuh Rosululloh SAW: “Gering panas dina sapoé sapeuting, bisa ngaleungitkeun dosa salila sataun”.Subhanallooh…

“Euweuh saurang mu’min anu ditibaan ku capé atawa panyakit, atawa katagiwuran, atawa bangbaluh nepi ka lamun kakeunaan cucuk, iwal kabéh dodoja éta baris dijadikeun panebus dosana ka Alloh. (HR Bukhori-muslim)

“Lamun gering saurang jalma nepi ka tilu poé, mangka kaluar dosa- dosana sakumaha kaayaanana nalika anyar lahir ti kandungan indungna. (HR Ath- Thobaroni)

“Panyakit panas éta ngajaga unggal mu’min ti naraka, sarta panas sapeuting cukup bisa nebus dosa sataun.” (HR Al-qodha’i)

Sagala puji pikeun Alloh, anu kalayan ni’mat-Na nyampurnakeun sagala kahadéan...

Barokallohufikum…

Anak Kuda Begang


Si Uhé keur kacida bingungna, usaha teu jalan, hutang raweuy. Pokona mah méh-méhan prustasi lah, ceuk pikirna "daripada hirup kieu-kieu teuing mah mending hos wéh...beunghar!

Mobok manggih gorowong, keur huleng jentul téh torojol wéh babaturanana, ceuk babaturanana "yeuh Uhé, hayang beunghar mah ziarah geura tuh ka luhur gunung, didinya aya makam karamat"

Teu pikir panjang deui, isukna si Uhé kencling wéh indit ka luhur gunung nu dituduhkeun ku babaturanana téa bari bebekelan sapuratina belaan anjuk ngahutang.

Kocapkeun nepi ka luhur gunung, bener wé didinya aya hiji makam anu loba nu ngaziarahan. Si Uhé nepungan ka kuncén éta makam tuluy nyaritakeun sagala rupa pamaksudanana. Ceuk kuncén "mun manéh hayang beunghar, pék lakonan puasa mutih salila 40 poé". Kusabab geus gilig téa hayang beunghar, si Uhé ngalakonan syarat-syarat ti kuncén kalayan pinuh ku kayakinan.

Sanggeus bérés puasa 40 poé, si Uhé nepungan deui kuncén. Kuncén téh teu loba carita, ujug-ujug méré anak kuda begang wéh ka si Uhé. Puguh wé si Uhé jadi bingung, geus bélaan puasa 40 poé ngan ukur dibéré anak kuda begang. Kuncén téh surti "teu kudu bingung manéh Uhé, engké ogé ku manéh kapanggih ieuh, pokona mah manéh bakal beunghar. Jung bawa balik ieu anak kuda begang"

Si Uhé bungangang ngadéngé omongan kuncén kitu, manéhna balik bari nungtun anak kuda begang téa "laksana aing jadi jelema beunghar téh lah" ceuk pikirna. Nepi ka sisi gunung, anak kuda téh ngedeprek, ripuheun tayohna mah da ditungtun téh kalah mugen, kusah koséh tuluy paéh.

Puguh wé si Uhé reuwas campur sedih, beu gagal maning yeuh jadi jelema beunghar téh ceuk pikirna. Bari jeung ramahbay cipanon si Uhé nguburkeun anak kuda begang téa. Mangpoé-poé manéhna ngaheruk wé pagawéanana di gigirieun makam anak kuda, puguh gé rék balik bingung sabab pastina bakal loba nu nagih hutang.

Keur kitu, loba jelema lalar liwat anu rék ziarah ka makam karamat di luhur gunung téa. Barang nempo si Uhé keur mendeko di gigir makam, nu rék ziarah téh tungtungna mariluan mendeko didinya ngadon tirakat bari teu poho méré amplop ka si Uhé nu dianggapna kuncén di éta makam karamat. Lila ku lila éta tempat téh jadi ramé ku jelema nu ngadon ziarah, atuh si Uhé jadi sibuk nampanan amplop.

Anapon ari kuncén makam karamat anu di luhur gunung téa ngarasa himeng kunaon geus sabulan meni euweuh nu ziarah saurang-urang acan, puguh wé omzét manéhna sabulan éta mah kosong pisan. Kusabab panasaran hayang apal naon nu jadi lantaran euweuh nu ziarah, antukna éta kuncén téh turun gunung.

Nepi ka handap, manéhma reuwas sabab nempo aya pangziarahan anyar anu kacida raména "beu ieu geuning nu ngabangkrutkeun usaha aing téh." ceuk gerentes haténa  Tuluy manéhna ngadeukeutan éta makam, manéhna reuwas deui baé geuning kuncénna téh si Uhé nu pernah dibéré anak kuda begang téa ku manéhna.

Éta kuncen tuluy nepungan si Uhé bari nanya "ari ieu makam saha Uhé?". Si uhé ngajawab "pan ieu téh makam anak kuda begang téa, bener ceuk abah laksana lah kuring jadi jalma beunghar téh kaya kieu mah". Si kuncén ngahuleng "éh si abah kalah ngahuleng, kuring jadi panasaran yeuh ari makam anu di luhur, éta makam saha bah?" sambung si Uhé  Si kuncén téh ngaharéwos ka si Uhé "tong gandéng, pan nu diluhur téh makam indungna kuda begang!!!!"

Senin, 12 Agustus 2013

Kopéah Kuring





Sakapeung sok ngarasa éra lamun aya nu nyebut ustadz atawa haji téh, da ngarumasakeun kuring mah lain ustadz jeung lain haji. Kangaranan ustadz téa kudu bisa ngaji, sedengkeun kuring mah teu apal alif bingkeng-alif bingkeng acan. Kitu deui kuring lain haji, pan can pernah ngalaman nincak Mekah, karak samet cita-cita wungkul, da kangaranan jalma islam mah tangtu saréréa ogé hayang ngalakonan rukun islam anu kalima téh. Tapi keun lah, mudah-mudahan éta sebutan téh sing ngajadikeun do'a....aamiin....

Nu matak kuring sok remen disebut ustadz atawa haji téh éta meureun pédah kuring tara leupas ti péci atawa kopéah. Na naon atuh alesan kuring maké waé kopéah téh? Anu kahiji, aya sawatara hadits nu nyebutkeun yén Rosululloh SAW biasa nganggo tutup mastaka warna bodas, sanajan hal éta masih kénéh aya pagedug faham ngeunaan kasohéhanana, tadi ogé geus disebutkeun kuring mah teu bisa ngaji, jadi keun wé ah kuring mah moal milu ngoméntaran da ngarumasakeun teu apal cukcrukanana, ngan keur sakuringeun mah, kuring rék nyekel faham anu nyunahkeunana wé ah. Alesan anu kadua, kopéah bisa jadi erém pikeun kuring supaya hirup teu ngalajur hawa nafsu teuing, supaya numuwuhkeun rasa éra di diri kuring dimana-mana lamun rék milampah perkara goréng, piraku maké kopéah tapi cunihin ka awéwé, piraku maké kopéah tapi nipu, piraku maké kopéah tapi asup ka diskotik, bioskop, atawa karaoké, piraku maké kopéah tapi jigjigan ka lapang nongton méngbal, jeung sajabana. Mugia ku ayana kitu, kuring bisa leuwih ngaraketkeun diri ka Alloh, ngarumasakeun kuring mah lain jelema bener tapi bener-bener jelema...éh maksud téh, kuring lain jelema bener tapi bener-bener usaha satékah polah pikeun minimal ngaharib-harib jelema bener wéh...da kangaranan jelema mah moal aya nu bener sabener-benerna...heueuh kitu...

Péci lain ciri santri lain ciri bisa ngaji , tapi péci ciri lalaki nu ngabakti ka nu maha suci !!!