Rabu, 28 Februari 2018

Fikmin "PILKADUT"

Gedé haté, nempo simpatisan sakitu merulna. Ti isuk nepi ka tengah peuting, imah tara suwung ku sémah. Jul-jol nu méré dukungan. Loba nu milu cakah-cikih, nguruskeun nyieun baliho, kaos, stiker, jeung sajabana.
"Bapa pasti janten!" Kang Obay, inohong ti Cibojong, nangkeup sabari nampanan amplop.
"Keureut ceuli déwék, mun nepi ka Pa Dodi teu jadi!" Darman, jawara Pasir Ungked, hahaok. Ngacungkeun peureupna.
"Hidup, Pa Dodi!" Nu ngariung di hareupeun imah, tingcorowok.
Reugreug. Sanajan kudu loba medol modal usaha ogé, teu panasaran. Mun kurang kénéh, aya sertifikat imah jeung pabrik nu bisa diborahkeun ka bank. Keun, engké ogé mun geus jadi mah, tangtu bakal kapulangkeun deui ieuh.

Nu surak ayeuh-ayeuhan, ngabagéakeun calon pamingpin anyar. Itungan sora geus kacida jomplangna. Sung-song nu sasalaman. Pada ngagabrug. Kuring ngusap beungeut sababaraha kali. Tingkolébat naon nu bakal disanghareupan.
"Hidup, Pa Rahmat...!" Asa ngajelengéng kana ceuli. Kang Obay jeung Darman, ngagéndéng Pa Rahmat nu meunang pamilihan. Leng.

Selasa, 22 Agustus 2017

Fikmin "IKHLAS"

Proposal dibulak-balik, dibaca kalawan gemet.
"Kaleresan nuju aya rezeki langkung, insya Allah abdi nyumbang sapuluh juta." Ngasongkeun proposal ka Pa RT. 
"Alhamdulillah, mugia Bapa sing langkung digampilkeun tur diseueurkeun deui rezekina...." Pa RT ngangkatkeun dua leungeunna. Paromanna marahmay. 
"Aamiin...! Tapi teu kedah diseratkeun nami abdi, cekap Hamba Allah wé," cekéng. Kuring ikhlas nyumbang, lain pédah hayang katangar. 

Poé Juma'ah, méméh adzan, Pa RT biantara. "Alhamdulillah, dana nu kakumpulkeun kanggo ngaréhab masjid, tos kénging lima puluh juta. Aya saurang jama'ah, Hamba Allah, nu nyumbang pangageungna, sapuluh juta...." Pa RT pérélé ngalaporkeun dana nu asup jeung kaluar. Jama'ah tinglalieuk. Tingkucuwes. 
"Nu nyumbang sapuluh juta, jigana Pa Haji Mansur," Mang Engkos nu diuk gigireun, ngaharéwos. 
"Lain, ah! Pa Haji Mansur mah, beunghar ogé kumed! Ceuk uingah, pasti Pa Haji Jamhur!" Mang Karta némpas. 
"Kabéh ogé salah! Bisi hayang apal, Hamba Allah éta téh déwék!" Kuring ngagebés. Irung karasa rada rebéh. 

Jumat, 07 Juli 2017

FIKMIN "HAPÉ RUKSAK"

Keur anteng mukaan Facebook, sura-seuri sorangan maca pairan-pairan babaturan anu ngabarojég. Torojol Aki Jumanta, tatangga gigireun imah.
"Batan cengar-cengir kitu mah, coba pangngomékeun hapé Aki!" Ngasongkeun hapé.
"Nyurup ka anu gaduhna hapé téh, Ki," cekéng, nyéréngéh. Nampanan hapé.
"Na kumaha, kitu?" Aki Jumanta molohok, teu ngarti.
"Sami-sami jadul...!" Kuring ngagakgak.
"Euh, ka kolot téh kitu, ah!" Seuri, némbongkeun huntuna anu geus coréngcang.
"Naonna nu reksak, Ki?" Ngilikan hapé
"Puguh teu daékeun sada waé, Cép," pokna. Hapé dicobaan. Dipaké nelepon ka operator. Alus, sorana ngoncrang.
"Ah, hapéna mah saé, Ki." Ngabulak-balik hapé.
"Ih, puguh euweuh soraan. Ruksak!" Keukeuh.
"Henteu, Ki. Nembé ku abdi dicobian nelepon, saé." Nyobaan deui hapé. Angger alus.
"Aki meuli hapé ieu téh, bélaan ngajual éntog. Ceuk tadina mah, supaya babari mun budak-budak Aki hayang nelepon nanyakeun kaayaan Aki. Tapi..., geus lila euweuh saurang ogé anu nelepon...." Aki Jumanta carinakdak.
Kuring ngahuleng. Ras.

Minggu, 02 Juli 2017

OPAT PERKARA NU TEU DIPIKANYAHO AJÉNNA ANGING KU OPAT JALMA

Ti Hatim Al Asham ra:

اَرْبَعَةُ أَشْيَاءَ لَايَعْرِفُ قَدْرَهَا إِلَّا اَرْبَعَةٌ : اَلشَّبَابُ لَا يَعْرِفُ قَدْرَهُ إِلَّا الشُّيُوْخُ وَالْعَافِيَةُ لَا يَعْرِفُ قَدْرَهَا إِلَّا اَهْلُ الْبَلَاءِ وَالصِّحَّةُ لَا يَعْرِفُ قَدْرَهَا إِلَّا الْمَرْضَى وَالْحَيَاةُ لَا يَعْرِفُ قَدْرَهَا إِلَّا الْمَوْتَى .

"Opat perkara nu teu dipikanyaho ajénna anging ku opat jalma, nyaéta: 
1. Kangoraan, ajénna teu bisa dipikanyaho, anging ku jalma nu geus kolot.
2. Kabagjaan, ajénna teu bisa dipikanyaho, anging ku jalma nu katibaan balai.
3. Kaséhatan, ajénna teu bisa dipikanyaho, anging ku jalma anu gering.
4. Kahirupan, ajénna teu bisa dipikanyaho, anging ku jalma nu geus maot."

Nashoihul Ibad

Senin, 26 Juni 2017

Fikmin "OPOR HAYAM"

Balik sholat ied, Udin ngalimed dahar. Deungeunna garang japuh, sambel, jeung kulub jaat. Lain teu hayangeun jeung daging kawas batur, tapi teu kabedag.
"Kang, ieu aya opor hayam ti Pa Ustadz Puloh." Pamajikanna ngacungkeun rantang. Eusina dieurihkeun kana mangkok.
Udin teu jadi ngahuap. Kumétap. Ngahuleng sakedapan.
"Euh, akang mah jeung ieu wé. Mending kirimkeun deui ka Mang Engkos. Karunya, manéhna hudang gering, keur meujeuhna mamayu." Nuluykeun daharna.

"Kang, ieu aya kiriman ti Jang Udin, ngeunah geura." Pamajikan Mang Engkos ngasongkeun sangu jeung samangkok opor hayam.
"Kabeneran, geus lila akang teu ngadahar daging hayam. Tapi..., akang mah jeung ceplok endog wé, lah! Éta mah mending kirimkeun ka Wa Ajid. Karunya, geus lila teu gawé cenah, jaba anakna loba."
Opor hayam dirantangan deui. Dikirimkeun ka Wa Ajid.

"Punten, Pa Ustadz. Hatur lumayan, hoyong karaosan rezeki ku Pa Ustadz." Aki Jumanta rengkuh.
Ustadz Puloh muka rantang pangirim. Rambisak. Nempo opor hayam balik deui.

LALAKON SHOHABAT NABI, JULAIBIB.

Julaibib, tina ngaranna ogé geus bisa kasawang kumaha dedeganana. Hideung, busekel. Julaibib, mangrupakeun ngaran nu teu ilahar di nagri Arab mangsa harita. Ngaran éta, lain kahayangna, boa lain kahayang kolotna ogé. Ti saprak gurudag ka alam dunya, Julaibib teu apal saha ari indung bapana. Pon kitu deui jalma-jalma di sabudeureunana, teu nyaraho, atawa teu harayang nyaho. Pikeun masrakat Yatsrib, teu ngabogaan nasab jeung sélér, mangrupakeun kacacadan sosial nu kacida gedéna. Kaayaanana éta, ngajadikeun jalma-jalma euweuh nu daék ngadeukeutan anjeunna. Goréng rupa, pikasieuneun, pendék, bengkung, hideung, tur fakir. Pakéan rudin, sukuna rorombéheun bari teu disendal-sendal acan. Teu boga imah pikeun ngiuhan, saréna ngagolér di mana waé, teu maké dadampar. Abu Barzah, pamingpin Bani Aslam, nepi ka ngawawarkeun ngeunaan Julaibib, "Tong aya nu ngantep Julaibib asup ka riungan aranjeun! Demi Allah! Lamun manéhna kitu, kuring nu bakal nandasa manéhna!"

Tapi, mun Allah tos ngersakeun maparin rohmatNa, euweuh hiji ogé makhluk nu bisa ngahalangan. Julaibib nampa hidayah. Anjeunna teu weléh aya di shaf panghareupna dina sholat jeung dina jihad. Sanajan ampir sakabéh jalma angger nganggap anjeunna lir nu euweuh. Tapi teu kitu pikeun Rasulullah Shollallahu ‘alaihi wasallam. Julaibib nu nganjrek di shuffah Masjid Nabawi, dina hiji poé ditaros ku Nabi Shollallahu ‘alaihi wasallam, "Julaibib…, naha anjeun teu rarabi?"
"Saha pijalmieunana, Ya Rasulallah Shollallahu ‘alaihi wasallam, nu kersa ngajantenkeun minantu ka abdi?" Julaibib ngajawab sabari imut. Euweuh riuk-riuk ngarasula atawa nyalahkan takdir Allah.  Rasulullah Shollallahu ‘alaihi wasallam ogé imut, ngadangu jawaban Julaibib. Tapi dina poé saterusna, basa pendak jeung Julaibib, Rasulullah Shollallahu ‘alaihi wasallam naroskeun deui hal éta. "Julaibib, naha anjeun teu rarabi?" Kitu deui Julaibib, ngajawab kalawan jawaban anu sarua. Kitu, kitu, jeung kitu. Tilu poé tuluy-tuluy.
Dina poéan katilu éta, Nabi nuyun Julaibib, dibawa ka salahsahiji imah saurang pamingpin Anshor.
"Kuring rék ngararabikeun anak awéwé anjeun," dawuh Rasulullah Shollallahu ‘alaihi wasallam ka nu boga imah.
"Duh, kalintang éndah tur barokahna." Nu boga imah marahmay, boga sangka yén Nabi nu bakal jadi calon minantuna. "Ya Rasulallah Shollallahu ‘alaihi wasallam, ieu tangtos bakal janten cahya nu nyaangan rorompok abdi."
"Tapi lain keur kuring," sanggem Rasulullah Shollallahu ‘alaihi wasallam, "Kuring ngalamar anak awéwé anjeun keur Julaibib."
"Julaibib...?" Reuwas.
"Enya, keur Julaibib."
"Ya Rasulullah Shollallahu ‘alaihi wasallam,” ngarénghap rada beurat. "Abdi badé nyuhunkeun tinimbangan pun bojo heula perkawis hal ieu."
"Ka Julaibib?" Pamajikanna satengah ngajerit. "Jalma goréng patut, teu boga nasab, teu boga sélér, teu boga kalungguhan, jeung teu boga harta. Demi Allah, teu sudi! Pamohalan anak urang nu geulis, kudu dirarabikeun ka Julaibib!"
Keur padungdengan kitu, anakna nyoara ti satukangeun hordéng, "Saha nu nyuhunkeunna, Bu, Pa?"
Indung bapana, nerangkeun ngeunaan saha nu ngalamar anakna pikeun Julaibib.
"Naha ibu sareng bapa badé nampik pamudut Rasulullah Shollallahu ‘alaihi wasallam? Demi Allah, abdi kersa. Demi Allah, kumargi Rasulullah Shollallahu ‘alaihi wasallam nu nyuhunkeun, mangka moal tumiba kaancuran tur karugian pikeun abdi."

Kocapkeun, kalayan du'a Nabi, Julaibib laksana ngadahup ka éta awéwé geulis. Kaéndahan di dunya éta, sihoréng teu ditakdirkeun lumangsung lila. Sanajan pamajikanna sholéhah, tapi wédadari geus kacida lilana mikasono Julaibib. Julaibib geus ditakdirkeun hina di dunya. Anjeunna leuwih pantes cicing di surga batan di dunya nu teu pati soméah ka dirina.
Basa anjeunna syahid, Nabi kacida leungiteun. Tapi Nabi seja ngajarkeun hiji hal ka para shohabatna. Mangka Nabi naros dina mangsana perang lekasan, "Naha aranjeun kaleungitan hiji jalma?"
"Henteu, ya Rasulallah Shollallahu ‘alaihi wasallam!" ngajarawab ragem. Kawasna bener, aya atawa henteuna Julaibib, euweuh bédana.
"Naha aranjeun kaleungitan hiji jalma?" Nabi naros deui, pameunteuna semu euceuy.
"Henteu, ya Rasulallah Shollallahu ‘alaihi wasallam!" Sawaréh para shohabat, ngajawab kalawan ham-ham, teu pati yakin jiga saméméhna. Sababaraha urang diantarana, tinglalieuk ka kénca jeung katuhu.
Rasulullah Shollallahu ‘alaihi wasallam ngarénghap jero. "Tapi kuring kaleungitan Julaibib," sanggemna.
Para shohabat karék engeuh. "Téangan Julaibib!"

Mangka kapanggih Julaibib anu mulya, syahid kalawan tatu minuhan awakna. Di sakurilingna, tinggalolér tujuh layon satru anu geus dipaténi ku anjeunna. Rasulullah shollallohu 'alaihi wassallam, kalawan pananganna nyalira, mulasara layon Julaibib. Rasulullah Shollallahu ‘alaihi wasallam nyolatan sarta ngangkatkeun dua pananganna. "Ya Allah, anjeunna nyaéta bagéan ti diri abdi sarta abdi bagéan ti dirina."

Saéstuna hikmah sajati, tara kaungkab ti anggalna, sabab kabodoan mindeng ngalamurkeun gambaran saliwatan.
Naon hartina hadé rupa, lamun teu dibarengan ku kasholéhan. Naon hartina lubak-libuk harta, lamun teu ngajurung kana kataatan.

FIKMIN TRILOGI

TRILOGI # RÉUNI 1 #

25 taun papisah. Sono nataku. Ari nempo dina profil Facebookna mah, kawas geus saruksés. Si Dédi nu baréto pangbangorna, cenah geus jadi ménéjer di bank swasta. Si Asri nu pangmontokna, ayeuna jadi instruktur senam, matak kalinglap nempo fotona ogé. Si..., ah, naha bet inget ka manéhna.

Sup, Si Jagur ka pakarangan réstoran nu anyar kénéh diwangun. Mobil ngajalajar. Enyaan, matak reueus. Reg, hareupeun nu keur ngariung.
"Héy, manéh Tédi, nya?" Nu saurang, cengkat. Ditelek-telek.
"Dédi? Béni, Firman...!" Kuring nunjukkan saurang-saurang. Haget sasalaman. Bungah taya papadana, bisa panggih deui jeung babaturan jaman di SMA.
"Gawé di mana, Téd?" Béni ngilikan kuring ti luhur nepi ka handap. Ngahaja, maké pakéan téh nu basajan.
"Muka warung sangu, leuleutikanan," cekéng, nyéréngéh.
"Kudu boga inovasi geura, ulah leutik waé usaha téh! Mun manéh suksés, Si Nina moal dituyun ku batur kitu meureun...!" Dédi nuduhkeun awéwé nu karék turun tina mobil. Rét. Haté ngadadak nyeblak.

TRILOGI # RÉUNI 2 #

Rohangan mingkin ramé. Kuring nyalingker sorangan.
"Cié..., aya nu baper...!" Dési, pamajikan, ujug-ujug ngagebah ti tukangeun.
"Naon, ih? Meni nembé dugi, ka mana heula?" Rampang-reumpeung.
"Rada lami di kantor notarisna, tapi ayeuna mah tos bérés." Ngacungkeun jempolna. Masih kénéh babaturan saangkatan manéhna téh, pédah béda kelas. Dasar jodo. Kuring jeung manéhna ngahiji, satutas pada ngalaman gagal dina rarabi nu mimiti.
"Yang...?" Culang-cileung. Teu kanyahoan, pamajikan geus ngiles deui.
"Di dieu...!" Gugupay ti juru rohangan. Ngagéndéng leungeun Nina. Kuring samar polah.

"Nin, hampura teu kungsi ngabéjaan, atuda euweuh raratanana. Geus takdirna meureun, kudu rarabi ka Tédi, popotongan Nina." Pamajikan sasadu.
"Teu nanaon, Dés, geus lain-lainna deui ieuh. Kudu sabar hirup susah wé jeung Tédi mah, nya!" Nina ngadilak.
"Ari salaki Nina, mana?" Pamajikan surti. Méngparkeun wangkongan.
"Bieu téh ka toilét. Tuh...!" Nina nuduhkeun lalaki nu keur nyampeurkeun.
"Andri...?"
"Dési...?"
"Geuning wawuh?" Nina olohok.
"Andri téh, urut salaki Dési...." Pamajikan samar polah.

TRILOGI # RÉUNI 3 #

Pada ngagonjak, majar tidagor siku dobel.
"Teu sangka, jodo ogé bisa dibarter, euy!" Dédi nyakakak. Sarohangan geunjleung, marilu ngageuhgeuykeun.
Pamajikan mingkin samar polah.
"Ayang sanés nu munggaran, tapi insya Allah nu panungtungan. Candak hikmahna wé, urang kedah ngalalakon heula, dugi ka tiasa kieu téh." Kuring ngaranggeum leungeun pamajikan.
"Geus, geus...!  Mending dahar heula. Di warung manéh mah, moal aya steak modél kieu, yeuh! Hayoh, sing wareg, meungpeung haratis!" Béni ngasongkeun piring nu metung ku kadaharan.

"Perhatosan, perhatosan...! Alhamdulillah, urang ayeuna bisa ngariung deui, nyacapkeun kasono...." Héndra, mantan ketua OSIS nu jadi panitia, biantara.
Jep, rohangan jempling.
"Urang ngariung di dieu kalayan haratis, sabab nu boga réstoran agréng ieu téh babaturan urang kénéh. Ieu téh dina raraga réuni, sakalian ngaresmikeun cabang réstoran ieu anu ka dua puluh. Anjeunna nyaéta...." Tinglalieuk.
"Mangga, Tédi sareng Dési ka payun!" Nu hadir, carolohok.
Nina gura-giru ngagusur salakina kaluar ti rohangan