Imam Al-haddad r.a. nyarioskeun, yén manusa kabagi kana tilu golongan ;
Kahiji, ngabogaan akal sampurna, nyaéta jalma anu boga niat alus tur migawé kaalusan pikeun ngahontal tujuanana.
Kadua, ngabogaan akal saparo, nyaéta jalma anu boga niat alus tapi migawé kagoréngan pikeun ngahontal tujuanana.
Katilu, teu boga akal, nyaéta jalma anu boga niat goréng tur pagawéanana ogé goréng.
Mugia urang saréréa sing kagolongkeun kana jalma anu kahiji...aamiin.
Jumat, 02 September 2016
TILU GOLONGAN JALMA
Fikmin "BULU KAMOCÉNG"
Sanajan teu ngarti naon maksudna, angger dilakonan. Bari leumpang, kuring nyabutan bulu tina kamocéng. Diragragkeun sapanjang jalan, ti imah kuring nepi ka bumi Mama Ajengan.
"Aya sabaraha bulu tina kamocéng téh, Cép?" Mama Ajengan naros.
"Eu..., langkung ti saratus. Abdi kérok waé ngétangna, Mama...," kuring tungkul.
"Pulungan deui bulu kamocéngna, jung! Engké, balik deui ka dieu!"
Kuring ngahuleng. Tapi teu wani baha kana panitah guru, tangtu aya pangajaran di satukangeunana.
Kuring mapay deui jalan nu tadi kaliwatan. Néangan bulu kamocéng. Sihoréng geus areuweuh, katebak ku angin meureun. Boa aya nu némpél dina motor atawa mobil, kabawa teuing nepi ka mana. Panasaran, unggal rungkun diriksaan. Dipapay ka unggal gang. Nepi ka imah, awak baseuh ku késang. Bulu kamocéng ngan kapanggih lima siki.
Kuring balik deui ka bumi Mama Ajengan. Naék ojég, geus lungsé pisan ari kudu leumpang mah.
"Kapanggih sabaraha bulu kamocéng téh?" Mama Ajengan ngabagéakeun bari imut.
"Mung kapendak lima...," pipi kuring karasa panas, bakating ku éra.
"Tah, éta bulu kamocéng téh ibarat fitnah. Nu matak, fitnah disebutkeun leuwih kejem tibatan maténi. Sok, lenyepan wé ku sorangan!"
Kamis, 01 September 2016
Fikmin "ANÉHNA KURING"
"Mah, tos asak, can? Lapar...." Ngelol ka dapur.
"Teu sabaran, ih! Kantun nyambel." Pamajikan malédog ku cangkang jéngkol. Kuring rikat ngelok. Nyampeurkeun. Nangkeup ti tukang.
"Éy, kalah nangkeup. Hayu, atuh!" Ngawadahan sambel tina coét. Kuring mantuan mawa kaolahan ka méja makan.
"Wih, mantap!" Kétap, nempo deungeun sangu karesep. Peda beureum, sambel suuk, lalabna jéngkol ngora.
Karék ogé rék ngahuap, kirining, hapé sada. Sangu nu kari am, ditunda deui kana piring. Kuring cengkat, rék nyokot hapé.
"Saurna lapar..., antep heula wé nu nelpon mah!" Pamajikan ngahuit.
"Ih, bilih boss akang. Nyaah, piduiteun." Teu nolih.
Rérés dahar, ngabaheuhay. Kamerekaan, béak tilu piring bakat ku ponyo. Kelepus, udud. Ni'mat naker.
Hawar-hawar, kapireng adzan Lohor.
"Kang, énggalan ka masjid, bilih kakantun berjama'ah!" Pamajikan ngélingan.
"Ké wé sholat mah, kagok keur udud heula, yeuh!" Haré-haré.
Senin, 29 Agustus 2016
Fikmin "TEKOR"
Meunang kawawuhan di facebook. Ngaranna Gina. Geulis. Pakulitanana, ngeplak kos salju. Panon cureuleuk. Irung bangir. Biwir ipis, semu kayas. Di inbox, nyantok. Sakabéh jurus modus dipetakeun. Gurawil, nomer hapéna beunang. Jadi remen nelepon. Sorana halimpu. Jangjian di kafé.
Nepi ka kafé pangheulana. Mesen inuman jeung kadaharan nu pangmahalna. Dina méja, ngabarak. Teu pira, paling gé maratus rébueun. Ngalelengkur nungguan.
"Kang Jhon?" Aya nu nepak kana taktak.
"Muhun...." Ngalieuk.
"Abdi Gina," manéhna nyéréngéh. Rey. Bulu punduk ngadadak maruringkak. Awakna busekel. Kulit cakeutreuk. Maké kaos konéng, calana héjo. Huntuna naronghol ngaliwatan biwir.
"Oh, mangga calik!" Neger-neger manéh. Gék, manéhna diuk.
"Punten, abdi ka toilét heula, nya? Tos teu kiat." Popoyongkodan.
"Muhun, tong lami teuing. Hoyong geura ngobrol, abdi sono!" Manéhna nyokot inuman. Leguk. Eureuleu, teurab. Kuring nguliwed ka tukangeun témbok kafé. Hapé diucutkeun. Peletok, kartuna dipotongkeun. Keteyep. Kokorondangan ngaliwatan kolong-kolong méja. Katempo manéhna keur anteng cacamuilan. Berengbeng, lumpat ka tempat parkir. Kabur.
Minggu, 31 Juli 2016
"AMALAN PANGHÉSÉNA"
أَصْعَبَ اْلأَعْمَالِ أَرْبَعُ خِصَالٍ: اَلْعَفْوُ عِنْدَ الْغَضَبِ وَالْجُوْدُ فِى الْعُسْرَةِ وَالْعِفَّةُ فِى الْخُلْوَةِ وَقَوْلُ الْحَقِّ لِمَنْ يَخَافُهُ أَوْ يَرْجُوْهُ
Amalan anu panghéséna aya opat, nyaéta:
1. Ngahampura nalika keur ambek. Lamun aya jalma nu ngalakukeun kasalahan atawa ngarugikeun ka urang, tangtuna urang bakal ngarasa keuheul ka manéhna. Sakapeung urang hayang males kalakuan manéhna éta, ku anu leuwih goréng atawa leuwih nganyerikeun.
"Jalma kitu mah, pantesna dikitukeun!"
Nepi ka aya paribasa "Mulangkeun kanyeri"
Asa bener, padahal saupamana urang kitu, naon bédana urang jeung manéhna?
Mangka ari ngahampura, éta kacida mulyana.
وَمَا زَادَ اللهُ عَبْدًا بِعَفْوٍ إِلاَّ عِزًّا
Jeung Allah teu nambahan ka hamba nu ngahampura iwal ti kamulyaan (HR. Muslim).
2. Béréhan nalika keur hararésé. Jalma beunghar anu béréhan mah biasa, tapi jalma balangsak anu béréhan éta luar biasa! Ulah ngarasa diri béréeun pédah jalma teu boga, nepi ka euweuh kahayang pikeun méré. Sodaqoh teu diukur ku loba atawa saeutikna, tapi ku kaikhlasan jeung kamampuhanana. Jalma balangsak nu ngeusian koropak masigit sarébu pérak, bisa jadi niléy ganjaranana leuwih gedé tibatan jalma beunghar nu ngeusian saratus rébu. Pikeun jalma beunghar, bisa jadi duit saratus rébu téh récéh, sedengkeun ari pikeun jalma balangsak mah, duit sarébu téh boa ladang tina ngaduakeun huap.
إِتَّقُوا النَّارَ وَلَوْ بِشِقِّ تَمْرَةٍ
"Jauhkeun diri anjeun tina seuneu naraka sanajan ngan ku (sodaqoh) korma hiji." (HR. Bukhari Muslim).
اَلْيَدُ الْعُلْيَا خَيْرٌ مِنَ الْيَدِ السُّفْلَى
"Ari leungeun di luhur (méré), éta leuwih alus tibatan leungeun di handap (ménta)."
Saéstuna sodaqoh anu loba bari ikhlas, éta leuwih alus tibatan sodaqoh saeutik bari ngageremet.
3. Ngajaga tina paharaman nalika keur nyorangan atawa aya kasempetan.
Dicarioskeun ku sapalih ulama, aya saurang panday nu sok ngasupkeun leungeunna kana hawu anu seuneuna ngagugudag, tapi leungeunna teu kukumaha. Hiji mangsa, manéhna didatangan ku saurang lalaki nu hayang ngabuktikeun éta kaahéngan. Éta lalaki niténan Si Panday keur gawé bari teu eureun-eureun kumecrék. Beusi nu sakitu teuasna diasupkeun kana hawu nepi ka beureum hurung, tapi Si Panday mah teu ngarasaeun panas. Satutas Si Panday méréskeun pagawéanana, éta lalaki uluk salam.
"Abdi hoyong janten sémah anjeun peuting ieu," ceuk Si Lalaki.
"Oh, mangga. Kalintang bingahna tiasa kasumpingan anjeun," jawab Si Panday.
Si Lalaki disuguhan. Peutingna, ngéndong di imah Si Panday. Euweuh nu ahéng. Si Panday ngan sholat fardu, tuluy saré nepi ka Subuh.
"Ah, manéhna nutupan amalanana meureun, pédah aya kuring," gerentes Si Lalaki.
Kusabab panasaran, Si Lalaki ngéndong sapeuting deui. Tapi angger, kalakuan Si Panday kawas peuting saméméhna.
Pamustunganana, Si Lalaki waléh, "Abdi tos nguping yén anjeun dipaparin karomah ku Allah, tur abdi tos ningal hal éta kalayan atra. Tapi, abdi teu ningal seueurna amalan anjeun, iwal ti sholat fardhu. Saleresna, ti mana anjeun kénging éta karomah?"
"Kieu sabenerna mah..., kuring kungsi ngalaman kajadian ahéng tur langka. Baréto kuring boga tatangga anu geulis kawanti-wanti, éndah kabina-bina. Kuring bogoh ka manéhna. Sababaraha kali kuring ngarayu manéhna, tapi teu kungsi hasil. Manéhna kaasup awéwé nu waro' tur ngajaga kahurmatanana. Dina hiji mangsa, kajadian usum paila, kalaparan di mana-mana. Hiji poé, panto imah kuring aya nu ngetrokan. Barang dibuka, bréh awéwé geulis téa. Manéhna ngomong, "Kuring kacida lapar, naha anjeun tiasa maparin katuangan kalayan rido manah?"
"Kuring moal méré kadaharan, iwal lamun anjeun daék nurutkeun kahayang kuring. Kuring bogoh ka anjeun!" kuring méré tanjakan.
"Kuring leuwih hadé paéh, tibatan kudu doraka ka Allah!" jawab éta awéwé bari buru-buru balik ka imahna.
Heuleut dua poé, éta awéwé datang deui. Manéhna ngomong kitu deui, kuring ogé ngajawab kawas saméméhna. Éta awéwé asup, tuluy diuk. Awakna nahnay, beungeutna pias. Kuring nyadiakeun kadaharan. Brak, ditunda di hareupeunana.
"Naha anjeun teu tiasa maparin katuangan kalayan rido manah, wungkul karna Allah?" Cipanon ngalémbéréh mapay pipina.
"Tangtu! Kuring ngalakukeun ieu, supaya anjeun daék ngalayanan kahayang kuring!"
Manéhna nangtung jumarigjeug. Indit ti imah kuring. Teu noél pisan kana kadaharan nu geus disanghareupeunana.
Heuleut dua poé, manéhna datang deui. Angger, nanyakeun anu sarua. Manéhna asup, tuluy diuk bari tungkul. Kusabab euweuh kadaharan, kuring ka dapur. Ngahurungkeun seuneu, olah keur éta awéwé. Sanggeus asak, diasongkeun ka hareupeunana. Teu sakara-kara, aya rasa karunya sumélékét kana haté. Niat goréng kuring, leungit sapada harita.
"Duh, cilakana diri kuring! Éta awéwé kurang akalna, kurang agamana, tapi teu daékeun ngadahar anu lain hakna. Manéhna bulak-balik datang ka imah kuring sab kalaparan, tapi diri kuring teu bisa ngeureunan kalakuan ma'siat ka Allah," haté gumerentes.
Tuluy kuring ngadu'a, "Ya Allah, abdi tobat ka Anjeun tina sagala dosa nu tos dipidamel. Abdi moal nyaketan deui éta istri kanggo salawasna."
Kuring nyampeurkeun éta awéwé, tapi manéhna angger embungeun dahar.
"Geura dahar, teu kudu sieun! Ieu kadaharan ku kuring dibikeun lillahi ta'alaa."
Sanggeus ngadéngé omongan kuring, manéhna langsung ngangkatkeun dua leungeunna, "Ya Allah, saupamina cariosan ieu pameget leres, mugi Anjeun ngaharamkeun seuneu meuleum dirina di dunya sinareng akhérat!"
Sabot éta awéwé dahar, kuring indit ka dapur pikeun mareuman seuneu. Teu dihaja kuring nincak areng hurung, tapi kuring teu ngarasa panas jeung kulit kuring ogé teu kabeuleum. Mangka kalayan bungah, kuring buru-buru nepungan deui éta awéwé.
"Alhamdulillah, du'a anjeun diqobul ku Allah."
Saharita, éta awéwé miceun kadaharan tina leungeunna. Langsung sujud syukur bari ngadu'a, "Ya Allah, Anjeun tos ningalikeun naon nu dipikahoyong ku abdi ka ieu pameget. Ku kituna, cabut nyawa abdi ayeuna kénéh!"
Pamustunganana, Allah nyabut nyawa éta awéwé dina kaayaan keur sujud."
"INGAT...!
KEJAHATAN TIMBUL TIDAK HANYA ADA NIAT DARI PELAKUNYA SAJA, MELAINKAN JUGA ADANYA KESEMPATAN....
JADI..., WASPADALAH...! WASPADALAH...!"
4. Jeung nyaritakeun anu haq ka jalma anu dipikasieun atawa dipiharepna. Sok aya paribasa "Heurin ku létah", padahal sapait-paitna haq, angger kudu ditepikeun.
قل الحق ولو كان مرا
Teu saeutik jalma nu lélétak, ngagul-ngagul kaalusan dunungan atawa pamingpin, nyumput-nyumput tur mélaan kagorénganana. ABS, asal bapak senang. Bahaya, komo lamun seug nepi ka wani mulintirkeun ayat-ayat Allah pikeun kauntungan duniawi.
Capé geuning ngetikna, sakitu wé, ah! Téwéwéw gejlig...!
*Kénging mulungan. Hapunten bilih aya nu lepat.
Selasa, 12 Juli 2016
Fikmin "BOLAY"
Teuing geus sabaraha kali boa nyusutan tarang. Carécét cipruk ku késang. Diuk samar koléséh, kawas aya bisul dina bujur. Bungah jeung sieun, pagalo jadi hiji. Pikiran cus-cos. Ras ka pamajikan, Si Gembil, nu mapadonan basa rék indit, "Kadé di jalanna sing ati-ati, Kang! Komo tos Lebaran kieu, macét ku arus balik ceuk dina berita ogé."
"Pa, uihna pangmésérkeun momobilan rémot kanggo Aa, nya!" Budak nu cikal ngageubig-geubig leungeun.
"Dédé mah hoyong bonéka Balbi, nya, Pa?" Si Bungsu nu keur dipangku, nyiuman pipi. Biasana mah tara daékeun nyium, majar téh géték. Tapi harita mah meni ngaléndotan, bubuhan anyar meunang nyukur. Kulimis.
"Mangga, calikna ka payun!" Aya nu noél kana tuur. Kuring ngoréjat, kagareuwahkeun. Beungeut budak asa mingkin kokolébatan waé. Haté jadi sabil.
"Mangga ka payun, waktosna ijab qobul!" Nu tadi noél, ngomong deui. Kuring ngusap beungeut.
"Hapunten, rupina mah moal janten. Abdi permios...!" Jung, nangtung. Ngabingbrit, teu nolih Si Ménor nu ngalenggerek kapiuhan.
Fikmin "PATEPUNG"
Rét ka nu diuk gigireun. Leungeun kénca ngaranggeum leungeunna. Leungeun katuhu anteng muter-muter setir. Mobil majuna dilaunan. Ngahaja rék nepungan kolotna téh tos Lebaran, supaya keur ngararumpul. 20 taun hirup lalagasan, ti saprak dipaksa kudu papisah ku mitoha gara-gara ngaligeuh teu boga pagawéan. Kuring bubuara ka Jakarta, hayang ngarobah nasib sakalian mopohokeun kanyeri. Kungsi balik ka lembur mitoha, tapi cenah geus pindah. Euweuh raratanana. Rék rarabi deui, asa singsieuneun. Nepi ka panggih jeung Dési, wanoja nu ayeuna aya di gigireun. Sanggeus sataun bobogohan, karék ayeuna rék bébérés, kitu ogé bubuhan kapaksa.
"Kunaon ngahuleng waé?" Dési muraykeun lamunan.
"Éuh, henteu.... Tebih kénéh?" cekéng.
"Sakedap deui. Tuh, méngkol di payun, bumina nu cét bodas."
Léok. Reg. Eureun di hareupeun imah panuduhan Dési. Dési uluk salam. Kulutrak, aya nu mukakeun panto.
"Déwi...?" Jantung ngadadak ratug.
"Kang Arman? Geuning tos pendak sareng Dési, buah cinta urang...!" Déwi ngagabrug.
Dési ngarumpuyuk sabari nyekelan beuteungna.