Senin, 29 Agustus 2016

Fikmin "TEKOR"

Meunang kawawuhan di facebook. Ngaranna Gina. Geulis. Pakulitanana, ngeplak kos salju. Panon cureuleuk. Irung bangir. Biwir ipis, semu kayas. Di inbox, nyantok. Sakabéh jurus modus dipetakeun. Gurawil, nomer hapéna beunang. Jadi remen nelepon. Sorana halimpu. Jangjian di kafé.

Nepi ka kafé pangheulana. Mesen inuman jeung kadaharan nu pangmahalna. Dina méja, ngabarak. Teu pira, paling gé maratus rébueun. Ngalelengkur nungguan.
"Kang Jhon?" Aya nu nepak kana taktak.
"Muhun...." Ngalieuk.
"Abdi Gina," manéhna nyéréngéh. Rey. Bulu punduk ngadadak maruringkak. Awakna busekel. Kulit cakeutreuk. Maké kaos konéng, calana héjo. Huntuna naronghol ngaliwatan biwir.
"Oh, mangga calik!" Neger-neger manéh. Gék, manéhna diuk.
"Punten, abdi ka toilét heula, nya? Tos teu kiat." Popoyongkodan.
"Muhun, tong lami teuing. Hoyong geura ngobrol, abdi sono!" Manéhna nyokot inuman. Leguk. Eureuleu, teurab. Kuring nguliwed ka tukangeun témbok kafé. Hapé diucutkeun. Peletok, kartuna dipotongkeun. Keteyep. Kokorondangan ngaliwatan kolong-kolong méja. Katempo manéhna keur anteng cacamuilan. Berengbeng, lumpat ka tempat parkir. Kabur.

Minggu, 31 Juli 2016

"AMALAN PANGHÉSÉNA"


أَصْعَبَ اْلأَعْمَالِ أَرْبَعُ خِصَالٍ: اَلْعَفْوُ عِنْدَ الْغَضَبِ وَالْجُوْدُ فِى الْعُسْرَةِ وَالْعِفَّةُ فِى الْخُلْوَةِ وَقَوْلُ الْحَقِّ لِمَنْ يَخَافُهُ أَوْ يَرْجُوْهُ

Amalan anu panghéséna aya opat, nyaéta:

1. Ngahampura nalika keur ambek. Lamun aya jalma nu ngalakukeun kasalahan atawa ngarugikeun ka urang, tangtuna urang bakal ngarasa keuheul ka manéhna. Sakapeung urang hayang males kalakuan manéhna éta, ku anu leuwih goréng atawa leuwih nganyerikeun.
"Jalma kitu mah, pantesna dikitukeun!"
Nepi ka aya paribasa "Mulangkeun kanyeri"
Asa bener, padahal saupamana urang kitu, naon bédana urang jeung manéhna?
Mangka ari ngahampura, éta kacida mulyana.

وَمَا زَادَ اللهُ عَبْدًا بِعَفْوٍ إِلاَّ عِزًّا

Jeung Allah teu nambahan ka hamba nu ngahampura iwal ti kamulyaan (HR. Muslim).

2. Béréhan nalika keur hararésé. Jalma beunghar anu béréhan mah biasa, tapi jalma balangsak anu béréhan éta luar biasa! Ulah ngarasa diri béréeun pédah jalma teu boga, nepi ka euweuh kahayang pikeun méré. Sodaqoh teu diukur ku loba atawa saeutikna, tapi ku kaikhlasan jeung kamampuhanana. Jalma balangsak nu ngeusian koropak masigit sarébu pérak, bisa jadi niléy ganjaranana leuwih gedé tibatan jalma beunghar nu ngeusian saratus rébu. Pikeun jalma beunghar, bisa jadi duit saratus rébu téh récéh, sedengkeun ari pikeun jalma balangsak mah, duit sarébu téh boa ladang tina ngaduakeun huap.

إِتَّقُوا النَّارَ وَلَوْ بِشِقِّ تَمْرَةٍ

"Jauhkeun diri anjeun tina seuneu naraka sanajan ngan ku (sodaqoh) korma hiji." (HR. Bukhari Muslim).

اَلْيَدُ الْعُلْيَا خَيْرٌ مِنَ الْيَدِ السُّفْلَى

"Ari leungeun di luhur (méré), éta leuwih alus tibatan leungeun di handap (ménta)."

Saéstuna sodaqoh anu loba bari ikhlas, éta leuwih alus tibatan sodaqoh saeutik bari ngageremet.

3. Ngajaga tina paharaman nalika keur nyorangan atawa aya kasempetan.

Dicarioskeun ku sapalih ulama, aya saurang panday nu sok ngasupkeun leungeunna kana hawu anu seuneuna ngagugudag, tapi leungeunna teu kukumaha. Hiji mangsa, manéhna didatangan ku saurang lalaki nu hayang ngabuktikeun éta kaahéngan. Éta lalaki niténan Si Panday keur gawé bari teu eureun-eureun kumecrék. Beusi nu sakitu teuasna diasupkeun kana hawu nepi ka beureum hurung, tapi Si Panday mah teu ngarasaeun panas. Satutas Si Panday méréskeun pagawéanana, éta lalaki uluk salam.
"Abdi hoyong janten sémah anjeun peuting ieu," ceuk Si Lalaki.
"Oh, mangga. Kalintang bingahna tiasa kasumpingan anjeun," jawab Si Panday.
Si Lalaki disuguhan. Peutingna, ngéndong di imah Si Panday. Euweuh nu ahéng. Si Panday ngan sholat fardu, tuluy saré nepi ka Subuh.
"Ah, manéhna nutupan amalanana meureun, pédah aya kuring," gerentes Si Lalaki.
Kusabab panasaran, Si Lalaki ngéndong sapeuting deui. Tapi angger, kalakuan Si Panday kawas peuting saméméhna.
Pamustunganana, Si Lalaki waléh, "Abdi tos nguping yén anjeun dipaparin karomah ku Allah, tur abdi tos ningal hal éta kalayan atra. Tapi, abdi teu ningal seueurna amalan anjeun, iwal ti sholat fardhu. Saleresna, ti mana anjeun kénging éta karomah?"

"Kieu sabenerna mah..., kuring kungsi ngalaman kajadian ahéng tur langka. Baréto kuring boga tatangga anu geulis kawanti-wanti, éndah kabina-bina. Kuring bogoh ka manéhna. Sababaraha kali kuring ngarayu manéhna, tapi teu kungsi hasil. Manéhna kaasup awéwé nu waro' tur ngajaga kahurmatanana. Dina hiji mangsa, kajadian usum paila, kalaparan di mana-mana. Hiji poé, panto imah kuring aya nu ngetrokan. Barang dibuka, bréh awéwé geulis téa. Manéhna ngomong, "Kuring kacida lapar, naha anjeun tiasa maparin katuangan kalayan rido manah?"
"Kuring moal méré kadaharan, iwal lamun anjeun daék nurutkeun kahayang kuring. Kuring bogoh ka anjeun!" kuring méré tanjakan.
"Kuring leuwih hadé paéh, tibatan kudu doraka ka Allah!" jawab éta awéwé bari buru-buru balik ka imahna.

Heuleut dua poé, éta awéwé datang deui. Manéhna ngomong kitu deui, kuring ogé ngajawab kawas saméméhna. Éta awéwé asup, tuluy diuk. Awakna nahnay, beungeutna pias. Kuring nyadiakeun kadaharan. Brak, ditunda di hareupeunana.
"Naha anjeun teu tiasa maparin katuangan kalayan rido manah, wungkul karna Allah?" Cipanon ngalémbéréh mapay pipina.
"Tangtu! Kuring ngalakukeun ieu, supaya anjeun daék ngalayanan kahayang kuring!"
Manéhna nangtung jumarigjeug. Indit ti imah kuring. Teu noél pisan kana kadaharan nu geus disanghareupeunana.

Heuleut dua poé, manéhna datang deui. Angger, nanyakeun anu sarua. Manéhna asup, tuluy diuk bari tungkul. Kusabab euweuh kadaharan, kuring ka dapur. Ngahurungkeun seuneu, olah keur éta awéwé. Sanggeus asak, diasongkeun ka hareupeunana. Teu sakara-kara, aya rasa karunya sumélékét kana haté. Niat goréng kuring, leungit sapada harita.
"Duh, cilakana diri kuring! Éta awéwé kurang akalna, kurang agamana, tapi teu daékeun ngadahar anu lain hakna. Manéhna bulak-balik datang ka imah kuring sab kalaparan, tapi diri kuring teu bisa ngeureunan kalakuan ma'siat ka Allah," haté gumerentes.
Tuluy kuring ngadu'a, "Ya Allah, abdi tobat ka Anjeun tina sagala dosa nu tos dipidamel. Abdi moal nyaketan deui éta istri kanggo salawasna."
Kuring nyampeurkeun éta awéwé, tapi manéhna angger embungeun dahar.
"Geura dahar, teu kudu sieun! Ieu kadaharan ku kuring dibikeun lillahi ta'alaa."
Sanggeus ngadéngé omongan kuring, manéhna langsung ngangkatkeun dua leungeunna, "Ya Allah, saupamina cariosan ieu pameget leres, mugi Anjeun ngaharamkeun seuneu meuleum dirina di dunya sinareng akhérat!"

Sabot éta awéwé dahar, kuring indit ka dapur pikeun mareuman seuneu. Teu dihaja kuring nincak areng hurung, tapi kuring teu ngarasa panas jeung kulit kuring ogé teu kabeuleum. Mangka kalayan bungah, kuring buru-buru nepungan deui éta awéwé.
"Alhamdulillah, du'a anjeun diqobul ku Allah."
Saharita, éta awéwé miceun kadaharan tina leungeunna. Langsung sujud syukur bari ngadu'a, "Ya Allah, Anjeun tos ningalikeun naon nu dipikahoyong ku abdi ka ieu pameget. Ku kituna, cabut nyawa abdi ayeuna kénéh!"
Pamustunganana, Allah nyabut nyawa éta awéwé dina kaayaan keur sujud."

"INGAT...!
KEJAHATAN TIMBUL TIDAK HANYA ADA NIAT DARI PELAKUNYA SAJA, MELAINKAN JUGA ADANYA KESEMPATAN....
JADI..., WASPADALAH...! WASPADALAH...!"

4. Jeung nyaritakeun anu haq ka jalma anu dipikasieun atawa dipiharepna. Sok aya paribasa "Heurin ku létah", padahal sapait-paitna haq, angger kudu ditepikeun.

قل الحق ولو كان مرا

Teu saeutik jalma nu lélétak, ngagul-ngagul kaalusan dunungan atawa pamingpin, nyumput-nyumput tur mélaan kagorénganana. ABS, asal bapak senang. Bahaya, komo lamun seug nepi ka wani mulintirkeun ayat-ayat Allah pikeun kauntungan duniawi.

Capé geuning ngetikna, sakitu wé, ah! Téwéwéw gejlig...!

*Kénging mulungan. Hapunten bilih aya nu lepat.

Selasa, 12 Juli 2016

Fikmin "BOLAY"

Teuing geus sabaraha kali boa nyusutan tarang. Carécét cipruk ku késang. Diuk samar koléséh, kawas aya bisul dina bujur. Bungah jeung sieun, pagalo jadi hiji. Pikiran cus-cos. Ras ka pamajikan, Si Gembil, nu mapadonan basa rék indit, "Kadé di jalanna sing ati-ati, Kang! Komo tos Lebaran kieu, macét ku arus balik ceuk dina berita ogé."
"Pa, uihna pangmésérkeun momobilan rémot kanggo Aa, nya!" Budak nu cikal ngageubig-geubig leungeun.
"Dédé mah hoyong bonéka Balbi, nya, Pa?" Si Bungsu nu keur dipangku, nyiuman pipi. Biasana mah tara daékeun nyium, majar téh géték. Tapi harita mah meni ngaléndotan, bubuhan anyar meunang nyukur. Kulimis.

"Mangga, calikna ka payun!" Aya nu noél kana tuur. Kuring ngoréjat, kagareuwahkeun. Beungeut budak asa mingkin kokolébatan waé. Haté jadi sabil. 
"Mangga ka payun, waktosna ijab qobul!" Nu tadi noél, ngomong deui. Kuring ngusap beungeut.
"Hapunten, rupina mah moal janten. Abdi permios...!" Jung, nangtung. Ngabingbrit, teu nolih Si Ménor nu ngalenggerek kapiuhan.

Fikmin "PATEPUNG"

Rét ka nu diuk gigireun. Leungeun kénca ngaranggeum leungeunna. Leungeun katuhu anteng muter-muter setir. Mobil majuna dilaunan. Ngahaja rék nepungan kolotna téh tos Lebaran, supaya keur ngararumpul. 20 taun hirup lalagasan, ti saprak dipaksa kudu papisah ku mitoha gara-gara ngaligeuh teu boga pagawéan. Kuring bubuara ka Jakarta, hayang ngarobah nasib sakalian mopohokeun kanyeri. Kungsi balik ka lembur mitoha, tapi cenah geus pindah. Euweuh raratanana. Rék rarabi deui, asa singsieuneun. Nepi ka panggih jeung Dési, wanoja nu ayeuna aya di gigireun. Sanggeus sataun bobogohan, karék ayeuna rék bébérés, kitu ogé bubuhan kapaksa.

"Kunaon ngahuleng waé?" Dési muraykeun lamunan.
"Éuh, henteu.... Tebih kénéh?" cekéng.
"Sakedap deui. Tuh, méngkol di payun, bumina nu cét bodas."
Léok. Reg. Eureun di hareupeun imah panuduhan Dési. Dési uluk salam. Kulutrak, aya nu mukakeun panto.
"Déwi...?" Jantung ngadadak ratug.
"Kang Arman? Geuning tos pendak sareng Dési, buah cinta urang...!" Déwi ngagabrug.
Dési ngarumpuyuk sabari nyekelan beuteungna.

KALIMAH ANU PANGDIPIKABENDUNA KU ALLAH

Ti Abdullah bin Mas’ud radhiyallahu ‘anhu, Rasulullah shallallahu ‘alaihi wa sallam ngadawuh,

ﺇﻥ ﺃﺑﻐﺾ ﺍﻟﻜﻼﻡ ﺇﻟﻰ ﺍﻟﻠﻪ ﺃﻥ ﻳﻘﻮﻝ ﺍﻟﺮﺟﻞ ﻟﻠﺮﺟﻞ : ﺍﺗﻖ ﺍﻟﻠﻪ، ﻓﻴﻘﻮﻝ : ﻋﻠﻴﻚ ﺑﻨﻔﺴﻚ.

”Kalimah nu pangdipikabenduna ku Allah, hiji jalma mépélingan dulurna, ’Pék takwa ka Allah’, tapi manéhna ngajawab: ’Urus wé diri manéh sorangan.”

Sikep ieu dipikabendu kusabab némbongkeun kaadigungan, jeung tangtuna bakal nganyerikeun haté jalma nu ngajak migawé kahadéan. Teu saeutik jalma nu sok embung narima kana pépéling, komo lamun nu ngélinganana sahandapeun. Lamun diélingan, kalah sok malik-malikkeun ka nu ngélinganana, "Kos hirup manéhna sorangan geus bener!", "Jadi jalma mah ulah sok tiktikan!", "Teu kudu nguruskeun hirup batur, urus wé hirup manéh sorangan!", "Heueuh da aing mah jalma baragajul, teu cara manéh!".

Tah, sikep samodél kitu téh cingcirining geus teuas haté, embung narima kana bebeneran. Biasana hal éta ngancik ka jalma nu tara daék pisan ririungan di majlis ta'lim. Parantos wasiat Rasulullah SAW ka Sayyidina 'Ali karamallahu wajhah, umumna pikeun urang saréréa,

يا على إذا مضى على المؤمن أربعون صباحا ولم يجالس العلماء قسى قلبه وجسر على الكبائر لأن العلم حياة القلب. (المنح السنيه، ص ١١)

"Héy, 'Ali! Dimana-mana saurang mu'min ngaliwat ti opat puluh poé teu ririungan jeung ulama (pikeun tholab élmu), mangka teuas haténa jeung sok kumawani migawé dosa-dosa gedé, sab saenyana ari élmu, éta nu ngahirupkeun kana haté."

Yu, urang ramékeun majlis-majlis ta'lim, teu kudu éra pédah geus kolot, teu kudu géngsi pédah ririungan jeung jalma cacah kuricakan. Ulah pédah jaman modérn, nyiar élmu agama ngandelkeun tina buku atawa internét, komo bari euweuh dadasar mah, bisi kabawa ku sakaba-kaba, tungtungna jadi owah.

Élmu kudu aya guruna. Dawuhan Imam Syafi'i, "Teu aya élmu tanpa sanad."  Alhafidz Imam Atstsauri, "Nungtut élmu tanpa sanad, éta lir naék kana suhunan bari teu maké tarajé."

Rabu, 22 Juni 2016

Fikmin "SABAR"


"Ari nu ngaranna sabar nyaéta di mana-mana meunang kateu ngeunahan, teu bébéja ka sasaha anging ka Allah. Upama masih kénéh curhat ka papada makhluk mah, éta can kaasupkeun kana sabar dina harti anu sabenerna. Kahartos?" Ustadz Ohim pepeta. "Kahartos...!" Jama'ah ngajawab ragem.
"Sabar kabagi tilu. Kahiji, sabar dina to'at. Kadua, sabar dina ma'siyat. Katilu, sabar dina musibah," Ustadz Ohim mérélé nerangkeun ngeunaan bab sabar.

Rérés pangajian, jama'ah paheula-heula balik. Puguh gé di masjid mah kawas manuk dina jero kurung, teu betah. Ustadz Ohim jeung Uhé kaluar pangpandeurina. Ustadz Ohim alak-ilik.
"Jadol téh, sendal anyar aing aya nu maok!" kekerot.
"Sabar, Pa Ustadz...!" Sabar nomer katilu éta téh," Uhé nyéréngéh.
"Yéy, bieu mah ngetés antum wungkul. Alhamdulillah, hartina pangajian tadi bener-bener kaharti," teu éléh géléng.

Rabu, 01 Juni 2016

بسم اللّه الرحمن الرحيم

إي رساله كيڠيڠ نوقل تنا كتاب فوائد المعين

اوراڠ سديا كاچيدا فرلونا كودو ڠا پاهوكن كا موسوه اوراڠ انو كرفنا اريك پلاكاكن اوراڠ دي دنيا جڠ اخيرة، پا ايتا ايا تلو روفا:
(١) نفس اماره جڠ نفس لوامه
(٢) كافر هربي
(٣) ابليس.

ته ايتا كابيه ڠاجك كان معصية كا الله، ماله ڠاجك كان كافر، پارام جڠ ڠاهلاڠن كان طاعة جڠ عباده كا الله تعالى. اري عصلنا انو جدي ابليس پا ايتا ملائكة عزازيل، دي داملنا كو الله تينا نور محمد جڠ تنا سن. ساميميه جدي ابليس، ايتا عزازيل تيه مخلق انو مليا جڠ فينوه كو علم. اري فݢاويئاننا دي توݢس كو الله تعالى جدي جورو كونچي شرݢا اوفة فولوه ريبو تائون، ڠا ݢوروئن كا سكابيه ملائكة كرابيىون تلو فولوه ريبو تائون، ڠاݢوروئن كا ملائكة روحنيون دوا فولوه ريبو تائون. تروس دي توݢس ڠاجݢا عرش اوفت بلاس ريبو تائون، ڠاجݢا لاڠيت كاهجي دي ݢانتي ڠارانّا عابد. ڠاجݢا لاڠيت كا دوا، ڠارانّا زاهد. ڠاجݢا لاڠيت كاتلو، ڠارانّا عارف. ڠاجݢا لاڠيت كااوفت، ڠارانّا والي. ڠاجݢا لاڠيت كالما، ڠارانّا تقي. ڠاجݢا لاڠيت كا ݢنف، ڠارانّا خازن. ڠاجݢا لاڠيت كاتوجوه، ڠارانّا دي سبوت دئي عزازيل. ڠاجݢا لوحالمحفوظ ڠارانّا عزازيل كينيه. براڠ ݢستي الله ڠادمل كڠجڠ نبي آدم، لاجڠ ݢستي الله ميواراڠ سجود كا سداينا ملائكة كا نبي آدم عليه السلام دي دملنا تينا تانه. قل: اسجدوا لأدم فسجدو الا ابليس ابى واستكبرو وكان من الكافرين. مڠكا سروجد سدايا ملائكة، ايوال عزازيل انو هنت ڠاوارو. تراس دي لعنة كو الله تعالى، ڠارانّا دي ݢنتي جدي ابليس، دي تورونكن كا دنيا كا نݢري بئيسان. اري روفنا كوس اكي-اكي بوڠكوك، بڠتنا سيݢا موپيت، لمفڠنا توڠكول بري ڠاݢندوڠ لڠن. دينا فيڠفيڠ كاتوهو دي سيريتن، انو كينچا دي فرج ئن. لمون انتل سريتنا كان فرج، تروس ڠندوݢ ٧٠ سكي. ١ اندوك مݢار جدي ٧٠ شيطان. جدي سكالي ڠندوݢ، بجيل ٤٩٠٠ شيطان. منڠ ڠندوݢنا نفي كا فوئي قيامة هنت فائيه-فائيه. اري انو دي جديكن كفلنا ايا ١٣، پأيت:

١. زلتون، توكڠ ڠفلأن دي فسار-فسار سوفيا براروهوڠ، سرارومفه، ڠوراڠن تمباڠن/كيلوئن، ڠوراڠن تكران.
٢. وثين،  توكڠ ڠاݢودا جلما انو منڠ مصيبة سوفيا ارال سُبها.
٣. اعون، ڠاݢودا كا فڠروس نݢارا سوفيا ڠالوبكن فمعصيتن جڠ كاظالمن.
٤. هفان، انو سوك نيته ڠينوم إنومن كراس انو متاك ڠامبوكن، كيانيڠ اراك جڠ سابڠسنا.
٥. مرّه، توكڠ سني، ڠاراميكن تتبهان جڠ پاپي-پاپيئن.
٦. لقوس، انو مڠفين كا فرا مجوسي.
٧. ولهان، انو سوك ڠاوسوسكن دينا وضؤ اتوا ادوس.
٨. اعوار، انو سوك ڠاجك سوفيا جلما للاچور/ڠاراپيد.
٩. وسنان، انو سوك پرام كان عبادة، ڠاهوچهكن كان معصية.
١٠. ابيض، انو ڠاݢودا فرا نبي، ڠن دي راكسا كو الله.
١١. مسوط، انو سوك نتاه بوهوڠ.
١٢. دسم، انو سوك ڠادوكن سلاكي جڠ فماجكننا.
١٣. خنزاب، انو سوك ڠاݢودا انو صلاة سوفيا واسواس جڠ فوهو كا ݢستي الله. ھ.