Sabtu, 26 Juli 2014

Kalimah Ngawilujengkeun Lebaran Basa Sunda

-Nitih wanci nu mustari , ninggang mangsa nu sampurna , dina Boboran taun ieu.. hayu urang sami-sami
ngaberesihkeun rereged ati tina khilaf sinareng dosa.
Wilujeng Boboran Shiyam 1435 H. Taqqobalallahu minna
wa minkum, Shiyamana wa shiyamakum.

-Bilih aya tutur saur nu teu kaukur, réka basa nu pasalia, laku lampah nu teu merenah, Wilujeng Boboran Shiyam 1435 H neda sih hapunten tina samudaya kalepatan lahir sinareng bathin.

-Sadaya jalmi tiasa ngiring lebaran....... tapi teu sadaya jalmi tiasa ngiring Idul Fitri.... mugi urang kalebet jalmi nu tiasa ngiring Idul Fitri. Wilujeng Boboran Shiyam 1435 H. Hapunten samudaya kalepatan.

-Laligarna taraté dina talaga haté. nyambuangna seungit malati nu ligar dina taman ati janten cicirén lubarna kalepatan antawis urang. Wilujeng Boboran Shiyam 1435 H. Taqqobalallahu minna wa minkum, Shiyamana wa shiyamakum.

-Batin nu usik nyaliksik diri, bilih kasabit kaciwit ati,
karumpak ungkara basa, kadudut kalindu qalbu,mugia
rido galih jembar pangampura tina samudayaning
kalepatan. Wilujeng Boboran Shiyam 1435 H. Hapunten
samudaya kalepatan.

-Ngahaturkeun Wilujeng Boboran Shiyam 1 Syawal 1435 H, bilih kantos nyungkelit dina ati, tugenah dina manah, kasiku catur, katajong omong ku pribados, mugi ridho ngahapunten samudaya kalepatan.

-Bilih aya langkung saur bahé carék , Kaciwit kulit kabawa daging, Tunggul dirurud catang direumpak, Nyungkelit ati tugenah manah, Mundut pangampura , Wilujeng Boboran Shiyam 1435 H.

-Wening galih nu dipamrih , Jembar manah nu dipilampah , Wilujeng Boboran Shiyam 1435 H, kalayan neda
pangapunten tina samudayaning kalepatan.

-Sugrining runtah kalepatan dina manah , nyeri peurihna ati sanubari, mugia lubar ku silaturahmi, Wilujeng Boboran Shiyam 1435 H. Taqobalallahu minaa waminkum.

-Sanajan raga paanggang, teu tiasa amprok dampal
panangan. Mung saukur tiasa ngintun serat, chatting,
BBMan sareng SMSan. Kalayan disarengan ku kaikhlasan, neda dihapunten samudaya kalepatan, Wilujeng Boboran Shiyam 1435 H.

-Kedaling rasa nu pinuh ku bangbaluh haté, urang
lubarkeun, ngawengku pinuh ku nyuuh, meungpeung
wanci can mustari, Neda dihapunten kana samudaya
kalepatan, Wilujeng Boboran Shiyam 1435 H.

-Bilih kantos nyungkelit dina ati, kasiku catur, katajong omong dina cariosan anu matak ngaraheutkeun kana manah, kumargi urang mah teu tiasa lumpat tina kalepatan sareng kakhilafan. Sim kuring ngahaturkeun Taqabalallahu Minna Wa Minkum, Wilujeng Boboran Shiyam 1435 H.

-Wening galih nu dipamrih, jembar panalar nu diteda, kana laku nu teu luyu, kana lampah nu sulaya, Wilujeng
Boboran Shiyam 1435 H. Taqqobalallahu minna waminkum, Shiyamana wa shiyamakum.

-Wening galih nu dipamrih, jembar manah nu diseja mugi
agung cukup lumur neda dihapunten kana samudaya kalepatan lahir tumekaning batin, Wilujeng Boboran Shiyam 1435 H.

-Mugi cukup lumur jembar pangampura bilih aya bobo
sapanon carang sapakan neda dihapunten samudaya
kalepatan. Wilujeng Boboran Shiyam 1435 H.

-Bersih galih nu diperedih, léah mana nu diseja, dina ieu
fitri kiwari, wanci nu mustari susuci diri nyanggakeun
hapunten nu kasuhun, Wilujeng Boboran Shiyam 1435 H.

-Nyucruk laku sunah Rasul, mapay lacak agama islam,
gema takbir nu agung dipungkas ku tali silaturahim, neda pangampura kasadayana, Wilujeng Boboran Shiyam 1435 H.

-Jatidiri anu suci rasa jiwa nu tanpa noda , mugia sing
ngajadi disarengan ku iman taqwa, nu antukna nunda
kanyaah, nyimpen kadeudeuh, silih hampura ka papada
jalma, panuhun sihapunten sadaya . Taqqobalallahu minna wa minkum, Shiyamana wa shiyamakum.

-Kaluluputan kalelepatan sim kuring saparakanca, wilujeng boboran siam nyuciken diri ka Illahi, hampura diri ka Gusti nu maha suci, mugia dina ieu fitri, sungkem diri ngajadikeun jalmi nu fitri, Wilujeng Boboran Shiyam 1435 H.

-Nitih wanci nu mustari ninggang mangsa nu utama,
nyucikeun panyakit ati, balik diri ka nu suci hapunten
samudaya kalepatan lahir sinareng batin. Wilujeng
Boboran Shiyam 1435 H.

-Tina weningna ati nu surti, tina mumunggang rasa nu
ageung rumasa, bilih aya tutur saur nu teu kaukur, aya
lampah nu teu merenah, tur lisan nu ngaraheutkeun
manah, neda pangapunten lahir tumekaning batin, mugi
luntur qolbu jembar pangampura. Wilujeng Boboran
Shiyam 1435 H. Taqobalallohu mina waminkum siamana
wasiamakum, minal ‘aidin walfaizin.

-Mipit amit seja nurih kapeurih ati, malah mandar lubar
akar-akar angkara na satungkebing rasa. Ngala ménta
galura pangampura tina sagala lalampahan tur rumpaka
nu ngagelar raheut manah. taqoballhu minna waminkum,
taqobalallohu yaa kariim.

-Bilih aya luhur saur bahé carék, tutur nu teu kaukur,
laku-lampah nu teu merenah dugi ka ngaraheutkeun
manah, di bulan nu pinuh barokah ieu hayu urang silih
lubarkeun silih hapunten lahir batin, hayu urang mapag 1 Syawal 1435 H ku kabungahan tur kaikhlasan. Ti Lahir dugi ka Bathin..

-Pamundut nu kapihatur , ligar manah ku kaikhlasan , tiasa ngalubarkeun, tina sanés kanten samudaya kalepatan, inggis catur teu kaukur, lampah lali nincak salah , neda sihapuntenna. Wilujeng Boboran Shiyam 1435 H.

-Wilujeng Boboran Shiyam 1435 H, Minal aidin wal faizin.
Mugi barokah Ramadhan nuyun lakuning lampah urang
dina enggoning nyorang sawelas sasih anu bakal
karandapan.

-Taya basa nu bisa direka, taya saur nu bisa jadi
pangjajap catur, lintang ti kedalna ucapan “wilujeng
boboran shiyam” neda dihapunten lahir tumekaning
bathin.

-Bilih kantos kasisit sebit kana ati, kapancah kaléngkah
ucap, kajenggut kababuk catur, tawakufna nu kasuhun.Hapunten sadaya kalepatan. Wilujeng Boboran Shiyam 1435 H.

-Ngeunteung na raga katineung, nyaliksik diri ngarampa dada bari reureuh milang dosa, bréh bulan pangharepan geus lekasan poé fitri némbongan. Wilujeng Boboran Shiyam 1435 H. Neda sihapunten lahir sinareng bathin.

-Najan panangan teu amprok, basa teu nyapa, raray teu tepang. haté sanubari meredih kedah silih bébaskeun, diri silih sucikeun, mudah2an urang sadayana janten jalmi nu taqwa. Wilujeng Boboran Shiyam 1435 H, hapunten lahir sinareng bathin.

Jumat, 11 Juli 2014

Do'a Romadon

                                                                      بِسْمِ اللهِ الرَّحْمَنِ الرَّحِيْمِ
أَللَّـهُمَّ إِنِّى أَسْأَلُكَ بِأَسْمَائِكَ الحُسْنَى* يَا أَللهُ , فَاعْلَمْ أَنَّهُ لآ إِلَهَ إِلاَّ اللهُ * يَارَحْمَنُ , اَلرَّحْمَنُ عَلَّمَ القُرْآنْ * يَارَحِيْمُ , وَكَانَ رَبُّكَ غَفُوْرًا رَحِيْمًا * يَامَالِكُ , مَالِكِ يَوْمِ الدِّيْنِ * يَاقُدُّوْسُ , المَلِكُ القُدُّوْسُ السَّلَمُ * يَامُتَعَالُ , فَتَعَالىَ اللهُ المَلِكُ الحَقُّ * يَاسَلاَمُ , وَاللهُ يَدْعُوْ إِلىَ دَارِ السَّلاَمِ * يَامُؤْمِنُ , اَلمُؤْمِنُ المُهَيْمِنُ العَزِيْزُ الجَبَّارُ المُتَكَبِّرُ * يَاعَزِيْزُ , وَكَانَ اللهُ عَزِيْزًا حَكِيْمًا * يَاخَالِقُ , فَتَبَارَكَ اللهُ أَحْسَنَ الخَالِقِيْنَ * يَامُصَوِّرُ , هُوَ الَّذِىْ يُصَوِّرُكُمْ فىِ الأَرْحَامِ * يَاأَوَّلُ , هُوَ الأَوَّلُ وَالاَخِرُ وَالظَّاهِرُ وَالبَاطِنُ * يَاشَكُوْرُ , إِنَّ رَبَّنَا لَغَفُوْرٌ شَكُوْرُ * ياَغَفُوْرُ , وَاللهُ غَفُوْرُ رَّحِيْمُ * ياَوَدُوْدُ , وَهُوَ الغَفُوْرُ الوَدُوْدُ * ياَظَاهِرُ , وَالظَّهِرُ وَالباَطِنُ * ياَقاَئِمُ , قاَئِماً بِالقِسْطِ لاَ إِلَهَ إِلاَّ هُوَ الحَيُّ القَيُوْمُ * ياَسَمِيْعُ , وَهُوَ السَّمِيْعُ العَلِيْمُ * ياَبَصِيْرُ , إِنَّ اللهَ بَصِيْرُ بِالعِباَدِ * ياَحَلِيْمُ , إِنَّ اللهَ عَلِىُّ حَلِيْمُ * ياَعَظِيْمُ , وَهُوَ العَلِىُّ العَظِيْمُ * ياَحَكِيْمُ , وَكاَنَ اللهُ عَزِيْزًا حَكِيْماً * ياَكَرِيْمُ , إِنَّ اللهَ لَغَنِىُّ كَرِيْمٌ * ياَقاَدِرُ , وَهُوَ القاَدِرُ عَلىَ أَنْ يَبْعَثَ عَلَيْكُمُ * ياَمُقْتَدِرُ عِنْدَ مَلِيْكٍ مُقْتَدِرٍ* ياَباَعِثُ , إِنَّ اللهَ يَبْعَثُ مَنْ فىِ القُبُوْرِ * ياَرَزَّاقُ , وَاللهُ خَيْرُ الرَّازِقِيْنَ * ياَواَرِثُ , وَِللهِ مِيْراَثُ السَّمَواَتِ وَالأَرْضِ * ياَقَوِىُّ , إِنَّ اللهَ قَوِىٌّ عَزِيْزٌ * ياَشَهِيْدُ , إِنَّ اللهَ عَلَى كُلِّ شَيْءٍ شَهِيْدٌ * ياَمُبْدِئُ , ياَمُعِيْدُ إِنَّهُ هُوَ يُبْدِئُ وَيُعِيْدُ * ياَتَوَّابُ , إِنَّهُ كاَنَ تَوَّاباَ * ياَوَهَّابُ , إِنَّكَ أَنْتَ الوَهَّابُ * ياَجَلاَلُ , ذُوْ الجَلاَلِ وَالإِكْراَمِ * ياَجَمِيْلُ , فاَصْبِرْ صَبْراً جَمِيْلاً * ياَوَكِيْلُ , وَكَفَى بِاللهِ وَكِيْلاً * ياَكاَفىِ , وَكَفَى اللهُ المُؤْمِنِيْنَ القِتاَلَ * ياَوَلِىُّ , وَهُوَ الوَلِىُّ الحَمِيْدُ * ياَرَبِّ , رَبِّ العاَلَمِيْنَ * ياَغَنِىُّ وَاللهُ الغَنِىُّ وَأَنْتُمُ الفُقَراَءَ * ياَشاَكِرُ , إِنَّ اللهَ شاَكِرٌ عَلِيْمٌ * ياَخَلاَّقُ , وَهُوَ الخَلاَّقُ العَلِيْمُ * ياَمُحْسِنُ , وَاللهُ يُحِبُّ المُحْسِنِيْنَ * ياَقاَدِرُ , وَاللهُ عَلَى كُلِّ شَيْءٍ قَدِيْرٌ * ياَمُفْضِلُ , وَاللهُ ذُوْ الفَضْلِ العَظِيْمِ * ياَمُنْعِمُ , وَيُتِمُّ نِعْمَتَهُ عَلَيْكَ وَيَهْدِيَكَ صِراَطاً مُسْتَقِيْماً * ياَمُعِزَّ , وَتُعِزُّ مَنْ تَشاَءُ * ياَمُذِلُّ , وَتُذِلُّ مَنْ تَشاَءُ * ياَرَفِيْعُ , رَفِيْعُ الدَّرَجاَتِ ذُوْ العَرْشِ * ياَشَفِيْعُ , مَنْ ذاَ الَّذِى يَشْفَعُ عِنْدَهُ إِلاَّ بِإِذْنِهِ * ياَكَبِيْرُ , إِنَّهُ كاَنَ عَلِيّاً كَبِيْراً * ياَحَقُّ , فَتَعاَلىَ اللهُ المَلِكُ الحَقُّ * ياَبَرُّ , إِنَّهُ هُوَ البَرُّ الرَّحِيْمُ * ياَوِتْرُ , وَالشَّفْعِ وَالوِتْرِ * ياَغَفَّارُ , إِنَّهُ كاَنَ غَفَّاراً * ياَغاَفِرُ , وَأَنْتَ خَيْرُ الغاَفِرِيْنَ * ياَحَمِيْدُ , تَنْزِيْلُ مِنْ حَكِيْمٍ حَمِيْدٍ * ياَمَنَّانُ , بَلِ اللهُ يَمُنَّ علَيْكُمْ * ياَباَقِى , وَيَبْقَى وَجْهُ رَبِّكَ * ياَأَحَدُ , قُلْ هُوَ اللهُ أَحَدٌ * ياَصَمَدُ , أَللهُ الصَّمَدُ * ياَمَتِيْنُ , هُوَ الرَّزَّاقُ ذُوْ القُوَّةِ المَتِيْنُ * ياَهاَدِى , إِنَّ اللهَ يَهْدِى مَنْ يَشاَءُ * ياَبَدِيْعُ , بَدِيْعُ السَّمَوَاتِ وَالأَرْضِ * ياَعَلِيْمُ , وَهُوَ بِكُلِّ شَيْءٍ عَلِيْمٌ * ياَعَالِمُ , عاَلِمُ الغَيْبِ وَالشَّهاَدَةِ * ياَفَتَّاحُ , رَبَّناَ افْتَحْ بَيْنَناَ وَبَيْنَ قَوْمِناَ بِالحَقِّ وَأَنْتَ خَيْرُ الفاَتِحِيْنَ * ياَمُبِيْنُ , إِنَّا فَتَحْناَ لَكَ فَتْحاً مُبِيْناَ * ياَمُحِيْطُ , وَاللهُ بِماَتَعْمَلُوْنَ مُحِيْطٌ * ياَكاَفىِ , وَاللهُ يَكْفِى بِالحَقِّ * ياَحَسِيْبُ , وَكاَنَ اللهُ عَلَى كُلِّ شَيْءٍ حَسِيْباً * ياَنَصِيْرُ , نِعْمَ المَوْلىَ وَنِعْمَ النَّصِيْرُ * ياَواَسِعُ , وَكاَنَ اللهُ واَسِعاً عَلِيْماً * ياَقاَهِرُ , وَهُوَ القاَهِرُ فَوْقَ عِباَدِهِ * ياَكَبِيْرُ , وَهُوَ الكَبِيْرُ المُتَعاَلُ * ياَمَنْ لَيْسَ لَهُ مَثْلٌ وَلاَشِبْهٌ لَيْسَ كَمِثْلِهِ شَيْءٌ فىِ الأَرْضِ وَلاَ فىِ السَّماَءِ وَهُوَ السَّمِيْعُ العَلِيْمُ وَلاَ حَوْلَ وَلاَ قُوَّةَ إِلاَّ بِاللهِ العَلِىِّ العَظِيْمِ * وَصَلَّى اللهُ عَلَى سَيِّدِناَ مُحَمَّدٍ وَآلِهِ الطَّيِّبِيْنَ الطَّاهِرِيْنَ وَسَلَّمَ تَسْلِيْماً بِرَحْمَتِكَ ياَ أَرْحَم الرَّاحِمِيْنَ             

Selasa, 26 November 2013

Hukum Nunda-nunda Waktu Sholat

ﺇِﻥَّ ﺍﻟﺼَّﻼﺓَ ﻛَﺎﻧَﺖْ ﻋَﻠَﻰ ﺍﻟﻤُﺆْﻣِﻨِﻴْﻦَ ﻛِﺘَﺎﺑًﺎ ﻣَﻮْﻗُﻮﺗًﺎ

Saéstuna sholat éta téh fardhu anu ditangtukeun
waktuna ka jalma-jalma anu ariman. (QS. An-nisa
103)

ﻭَﺍﻋْﻠَﻢْ ﺃَﻥَّ ﺍﻟﺼَّﻼَﺓَ ﺗَﺠِﺐُ ﺑِﺄَﻭَّﻝِ ﺍﻟﻮَﻗْﺖِ ﻭُﺟُﻮْﺑﺎً ﻣُﻮَﺳَﻌﺎً ﻓَﻠَﻪُ
ﺍﻟﺘَّﺄْﺧِﻴْﺮُ ﻋَﻦْ ﺃَﻭَّﻟِﻪِ ﺇِﻟﻰَ ﻭَﻗْﺖٍ ﻳَﺴَﻌُﻬﺎَ ﺑِﺸَﺮْﻁِ ﺃَﻥْ ﻳَﻌْﺰَﻡَ ﻋَﻠَﻰ
ﻓَﻌْﻠِﻬﺎَ ﻓِﻴْﻪِ , ﻭَﻟَﻮْ ﺃَﺩْﺭَﻙَ ﻓﻲِ ﺍﻟﻮَﻗْﺖِ ﺭَﻛْﻌَﺔً ﻻَ ﺩُﻭْﻧَﻬﺎَ ﻓﺎَﻟﻜُﻞُّ
ﺃَﺩَﺍﺀً ﻭَﺇِﻻَّ ﻓَﻘَﻀَﺎﺀ
ً
Kanyahokeun, yén sholat wajib di awal waktu, wajib
anu laluasa, hartina kaci nunda sholat ti awal waktu
nepi ka ahir waktu, anu mémang cukup waktu
pikeun ngalaksanakeunana, ieu kalawan sarat
ngazam (direncanakeun) rék sholat di waktu éta.
Lamun dina waktuna ngan cukup pikeun
ngalakonan saraka’at, henteu kurang ti saraka’at,
mangka kabéh raka’at kaasup ngalakonan ada/
kontan, jeung lamun henteu, mangka kaasup qodlo.

ﻭَﻳَﺄْﺛِﻢُ ﺑِﺈِﺧْﺮَﺍﺝِ ﺑَﻌْﻀِﻬﺎَ ﻋَﻦِ ﺍﻟﻮَﻗْﺖِ ﻭَﺇِﻥْ ﺃَﺩْﺭَﻙَ ﺭَﻛْﻌَﺔً ﻧَﻌَﻢْ ﻟَﻮْ
ﺷَﺮَﻉَ ﻓﻲِ ﻏَﻴْﺮِ ﺍﻟﺠُﻤْﻌَﺔِ ﻭَﻗَﺪْ ﺑَﻘِﻲَ ﻣﺎَ ﻳَﺴَﻌُﻬﺎَ ﺟﺎَﺯَ ﻟَﻪُ ﺑِﻼَ
ﻛَﺮَﺍﻫَﺔٍ ﺃَﻥْ ﻳَﻄَﻮِّْﻟُﻬﺎَ ﺑِﺎﻟﻘِﺮَﺍﺀَﺓِ ﺃَﻭْ ﺍﻟﺬِّﻛْﺮِ ﺣَﺘَّﻰ ﻳَﺨْﺮُﺝَ ﺍﻟﻮَﻗْﺖُ
ﻭَﺇِﻥْ ﻟَﻢْ ﻳُﻮَﻗِﻊُ ﻣِﻨْﻬﺎَ ﺭَﻛْﻌَﺔً ﻓِﻴْﻪِ ﻋَﻠَﻰ ﺍﻟﻤُﻌْﺘَﻤَﺪِ ﻓَﺈِﻥْ ﻟَﻢْ ﻳَﺒْﻖَ ﻣِﻦَ
ﺍﻟﻮَﻗْﺖِ ﻣﺎَ ﻳَﺴَﻌُﻬﺎَ ﺃَﻭْ ﻛﺎَﻧَﺖْ ﺟُﻤْﻌَﺔً ﻟَﻢْ ﻳَﺠُﺰْ ﺍﻟﻤَﺪُّ ﻭَﻻَ ﻳُﺴَﻦُّ
ﺍﻻِﻗْﺘِﺼﺎَﺭُ ﻋَﻠَﻰ ﺃَﺭْﻛﺎَﻥِ ﺍﻟﺼَّﻼَﺓِ ِﻹِﺩْﺭَﺍﻙِ ﻛَﻠِّﻬﺎَ ﻓﻲِ ﺍﻟﻮَﻗْﺖ
ِ
Hiji jalma doraka lamun nunda sholat nepi ka
ngalakonan sholat ngaliwatan wates waktu, sanajan
dina waktu bisa ngalakonan saraka’at. Bener kitu,
lamun ngalakonan sholat sajaba Juma’ah tuluy
nyésa kénéh waktu ngalakonan sholat, pikeunana
kaci tanpa makruh manjangkeun bacaan sarta
dzikir sholat nepi ka ngaliwatan wates waktu sholat,
sanajan henteu saraka’at ogé asup dina waktu, ieu
nurutkeun pamadegan kuat. Sabalikna, lamun teu nyésa cukup waktu atawa sholatna sholat
Juma’ah mangka teu kaci manjangkeun bacaan
sarta dzikir. Sarta ogé teu disunnahkeun
ngaringkeskeun rukun-rukun sholat alatan pikeun
ngudag kabéh raka’at sholat dina waktuna.

( ﻓَﺮْﻉٌ ( ﻳُﻨْﺪَﺏُ ﺗَﻌْﺠِﻴْﻞُ ﺻَﻼَﺓِ ﻭَﻟَﻮْ ﻋِﺸَﺎﺀً ِﻷَﻭَّﻝِ ﻭَﻗْﺘِﻬﺎَ ﻟِﺨَﺒَﺮٍ
“ﺃَﻓْﻀَﻞُ ﺍﻷَﻋْﻤﺎَﻝِ ﺍﻟﺼَّﻼَﺓِ ِﻷَﻭَّﻝِ ﻭَﻗْﺘِﻬﺎَ” ﻭَﺗَﺄْﺧِﻴْﺮُﻫﺎَ ﻋَﻦْ ﺃَﻭَّﻟِﻪِ
ﻟِﺘَﻴَﻘُﻦِ ﺟَﻤﺎَﻋَﺔٍ ﺃَﺛْﻨﺎَﺀَﻩُ ﻭَﺇِﻥْ ﻓَﺤِﺶَ ﺍﻟﺘَّﺄْﺧِﻴْﺮُ ﻣَﺎ ﻟَﻢْ ﻳَﻀِﻖُ
ﺍﻟﻮَﻗْﺖُ ﻭَﻟِﻈَﻨِّﻬﺎَ ﺇِﺫَﺍ ﻟَﻢْ ﻳَﻔْﺤُﺶْ ﻋُﺮْﻓﺎً ﻻَ ﻟِﺸَﻚٍّ ﻓِﻴْﻬﺎَ ﻣُﻄْﻠَﻘﺎً

(Ari ieu hiji cabang masalah) disunnahkeun gura-
giru ngalakonan sholat sanajan Isya ambéh di awal
waktu, dumasar hadits “Pagawéan sholat anu
pangutamana nyaéta ngalakonan sholat di awal
waktu”. (HR. Thobroni). Ogé disunnahkeun nunda
sholat lamun yakin baris berjama’ah, cacak kurang
alus nunda sholat, ieu lamun henteu heureut waktu,
sarta dumasar sangkaan baris berjama’ah lamun
alus nurutkeun kabiasaan, lain alatan mangmang
baris berjama’ah, halna mutlak.

ﻭَﺍﻟﺠَﻤﺎَﻋَﺔُ ﺍﻟﻘَﻠِﻴْﻠَﺔُ ﺃَﻭَّﻝَ ﺍﻟﻮَﻗْﺖِ ﺃَﻓْﻀَﻞٌ ﻣِﻦَ ﺍﻟﻜَﺜِﻴْﺮَﺓِ ﺁَﺧِﺮَﻩُ ,
ﻭَﻳُﺆَﺧِّﺮُ ﺍﻟﻤُﺤْﺮِﻡُ ﺻَﻼَﺓَ ﺍﻟﻌِﺸﺎَﺀِ ﻭُﺟُﻮْﺑﺎً ِﻷَﺟْﻞِ ﺧَﻮْﻑِ ﻓَﻮَﺍﺕِ
ﺣَﺞٍّ ﺑِﻔَﻮْﺕِ ﺍﻟﻮُﻗُﻮْﻑِ ﺑِﻌَﺮَﻓَﺔَ ﻟَﻮْ ﺻَﻼَّﻫﺎَ ﻣُﺘَﻤَﻜِّﻨﺎً ِﻷَﻥَّ ﻗَﻀَﺎﺀَﻩُ
ﺻَﻌْﺐٌ ﻭَﺍﻟﺼَّﻼَﺓُ ﺗُﺆْﺧَﺮُ ِﻷَﻧَّﻬﺎَ ﺃَﺳْﻬَﻞُ ﻣِﻦْ ﻣَﺸَﻘَﺘِﻪِ ﻭَﻻَ ﻳُﺼَﻠِّﻴْﻬﺎَ
ﺻَﻼَﺓَ ﺷِﺪَﺓَ ﺍﻟﺨَﻮْﻑِ , ﻭَﻳُﺆَﺧِّﺮُ ﺃَﻳْﻀﺎً ﻭُﺟُﻮْﺑﺎً ﻣَﻦْ ﺭَﺃَﻯ ﻧَﺤْﻮَ
ﻏَﺮِﻳْﻖٍ ﺃَﻭْ ﺃَﺳِﻴْﺮٍ ﻟَﻮْ ﺃَﻧْﻘَﺬَﻩُ ﺧَﺮَﺝَ ﺍﻟﻮَﻗْﺖُ

Berjama’ah saeutikan di awal waktu leuwih utama
tinimbang berjama’ah lobaan di ahir waktu. Jelema
anu ihrom (haji) wajib nunda sholat Isya alatan
salempang tinggaleun haji sabab tingaleun wukuf di
‘Arofah, ieu lamun manéhna sholat Isya di
tempatna, alatan qodlo wukuf leuwih hésé mangka
sholat wajib ditunda alatan leuwih hampang
tinimbang masakat/héséna ngudag wukuf. Di dieu
ulah ngalakonan sholat ku cara sholat Syiddatul-
khauf (alatan pohara sieun). Sarta wajib nunda
sholat pikeun jelema anu nempo sarta baris
nulungan jelema tikerelep atawa diboyong jelema
jahat, sanajan nyalametkeunana nepi ka kaluar
waktu sholat. (Sholat bisa diqodlo)

( ﻓَﺮْﻉٌ ( ﻳُﻜْﺮَﻩُ ﺍﻟﻨَّﻮْﻡُ ﺑَﻌْﺪَ ﺩُﺧُﻮْﻝِ ﻭَﻗْﺖِ ﺍﻟﺼَّﻼَﺓِ ﻭَﻗَﺒْﻞَ ﻓَﻌْﻠِﻬﺎَ
ﺣَﻴْﺚُ ﻇَﻦَّ ﺍﻻِﺳْﺘِﻴْﻘَﺎﻅَ ﻗَﺒْﻞَ ﺿَﻴْﻘِﻪِ ﻟِﻌﺎَﺩَﺓٍ ﺃَﻭْ ِﻹِﻳْﻘﺎَﻅِ ﻏَﻴْﺮِﻩِ ﻟَﻪُ
ﻭَﺇِﻻَّ ﺣَﺮُﻡَ ﺍﻟﻨَّﻮْﻡُ ﺍﻟَّﺬِﻱْ ﻟَﻢْ ﻳَﻐْﻠِﺐُ ﻓﻲِ ﺍﻟﻮَﻗْﺖِ

(Ari ieu hiji cabang masalah) Makruh saré
sanggeus asup waktu sholat sarta tacan ngalakonan
sholat, ieu lamun disangka baris hudang saméméh
heureut waktu ngalakonan sholat atawa aya jelema
anu baris ngageuingkeunana. Lamun henteu kitu,
mangka haram saré di waktu asup waktu sholat
sarta tacan ngalakonan sholat, anu henteu bisa
ngawasa waktu.

( ﻓَﺮْﻉٌ ( ﻳُﻜْﺮَﻩُ ﺗَﺤْﺮِﻳْﻤﺎً ﺻَﻼَﺓُ ﻻَ ﺳَﺒَﺐَ ﻟَﻬﺎَ ﻛﺎَﻟﻨَّﻔْﻞِ ﺍﻟﻤُﻄْﻠَﻖِ ﻭَﻣِﻨْﻪُ
ﺻَﻼَﺓُ ﺍﻟﺘَّﺴﺎَﺑِﻴْﺢِ ﺃَﻭْ ﻟَﻬﺎَ ﺳَﺒَﺐٌ ﻣُﺘَﺄَﺧِّﺮٌ ﻛَﺮَﻛْﻌَﺘَﻲْ ﺍِﺳْﺘِﺨﺎَﺭَﺓٍ
ﻭَﺇِﺣْﺮَﺍﻡٍ ﺑَﻌْﺪَ ﺃَﺩَﺍﺀِ ﺻُﺒْﺢٍ ﺣَﺘَّﻰ ﺗَﺮْﺗَﻔِﻊَ ﺍﻟﺸَّﻤْﺲُ ﻛَﺮُﻣْﺢٍ ﻭَﻋَﺼْﺮٍ
ﺣَﺘَّﻰ ﺗَﻐْﺮُﺏَ ﻭَﻋِﻨْﺪَ ﺍﺳْﺘِﻮﺍَﺀٍ ﻏَﻴْﺮِ ﻳَﻮْﻡِ ﺍﻟﺠُﻤْﻌَﺔِ , ﻻَ ﻣﺎَ ﻟَﻪُ ﺳَﺒَﺐٌ
ﻣُﺘَﻘَﺪِّﻡٌ ﻛَﺮَﻛْﻌَﺘَﻲْ ﻭُﺿُﻮْﺀٍ ﻭَﻃَﻮَﺍﻑٍ ﻭَﺗَﺤِﻴَّﺔٍ ﻭَﻛُﺴُﻮْﻑٍ ﻭَﺻَﻼَﺓِ
ﺟِﻨﺎَﺯَﺓٍ ﻭَﻟَﻮْ ﻋَﻠَﻰ ﻏَﺎِﺋﺐٍ ﻭَﺇِﻋﺎَﺩَﺓٍ ﻣَﻊَ ﺟَﻤﺎَﻋَﺔٍ ﻭَﻟَﻮْ ﺇِﻣﺎَﻣﺎً
ﻭَﻛَﻔﺎَﺋِﺘَﺔِ ﻓَﺮْﺽٍ ﺃَﻭْ ﻧَﻔْﻞٍ ﻟَﻢْ ﻳَﻘْﺼِﺪْ ﺗَﺄْﺧِﻴْﺮُﻫﺎَ ﻟِﻠْﻮَﻗْﺖِ ﺍﻟﻤَﻜْﺮُﻭْﻩِ
ﻟِﻴُﻘْﻀِﻴْﻬﺎَ ﻓِﻴْﻪِ ﺃَﻭْ ﻳُﺪَﺍﻭِﻡَ ﻋَﻠَﻴْﻪِ

(Ari ieu hiji cabang masalah) Makruh Tahrim
(sarua kalayan haram) ngalakonan sholat anu
henteu ngabogaan sabab, kawas sholat sunnah
mutlaq, kaasup sholat tasbéh, atawa sholat anu
sababna di ahir kawas sholat istihkoroh sarta sholat
ihrom, sanggeus sholat Subuh nepi ka panonpoé
ngangkat satumbak, sanggeus sholat Ashar nepi ka
panonpoé surup, dina waktu panonpoé pas di luhur
sirah kajaba poé Juma’ah. Henteu haram lamun di
waktu-waktu éta ngalakonan sholat anu sababna
di hareup, kawas sholat sunnah wudlu, sholat sunnah
thowaf, sholat sunnah tahiyyatul masjid, sholat
sunnah samagaha, sholat mayit, sanajan mayit gaib,
ngabalikan sholat alatan berjama’ah sanajan imam,
sarua kawas qodlo sholat fardu, qodlo sholat sunnah,
anu henteu ngamaksud nundana alatan pikeun
ngalakonanana di waktu makruh atawa rutin
ngalakonanana di waktu makruh.

ﻓَﻠَﻮْ ﺗَﺤَﺮَّﻯ ﺇِﻳْﻘﺎَﻉَ ﺻَﻼَﺓٍ ﻏَﻴْﺮِ ﺻﺎَﺣِﺒَﺔِ ﺍﻟﻮَﻗْﺖِ ﻓﻲِ ﺍﻟﻮَﻗْﺖِ
ﺍﻟﻤَﻜْﺮُﻭْﻩِ ﻣِﻦْ ﺣَﻴْﺚُ ﻛَﻮْﻧِﻪِ ﻣَﻜْﺮُﻭْﻫﺎً ﻓَﺘَﺤْﺮُﻡُ ﻣُﻄْﻠَﻘﺎً ﻭَﻻَ ﺗَﻨْﻌَﻘِﺪُ
ﻭَﻟَﻮْ ﻓﺎَﺋِﺘَﺔً ﻳَﺠِﺐُ ﻗَﻀﺎَﺅُﻫﺎَ ﻓَﻮْﺭًﺍ ِﻷَﻧَّﻪُ ﻣُﻌﺎَﻧِﺪٌ ﻟِﻠﺸَّﺮْﻉِ

Lamun sholat anu lain nu boga waktu, ngahaja sarta
husus ditujukeun pikeun dipigawé di waktu makruh,
nyaéta memang tétéla waktu makruh (tos Subuh,
Ashar atawa panonpoé di luhur sirah), mangka
manéhna haram sacara mutlak, sarta sholatna
henteu sah, sanajan sholat qodlo anu wajib
ngalakonanana di waktu éta ogé, alatan manéhna
ngareumpak aturan agama.

ﻭﺍﻟﻠﻪ ﺍﻋﻠﻢ ﺑﺎﻟﺼﻮﺍﺏ

✔ Kitab Fathul mu’in Syékh Zaénuddin Al-
malaibariy

Senin, 21 Oktober 2013

Bulan Sapasi

Neuteup bulan sapasi di langit sukabumi
mencrong sapertos anu nuju nganaha-naha...
ngagerentes ngadugikeun lumengisna haté salira
Naha urang patepang teras kedah paanggang
bongan nyandang kahayang nu biheung kasorang
Mung ukur lamunan nu janten panglayar kasono
impian janten rawayan geusan nepungkeun kahéman
Hapunten jungjunan...
panginten salira ogé ayeuna nuju neuteup bulan sapasi anu sami,
Dina bulan sapasi eunteup asih anu pasini
caangna éstu ngalangkungan purnama
sanaos dunya peteng ku peuting,
cinta urang mabra nyaangan jomantara rasa