Selasa, 26 November 2013

Hukum Nunda-nunda Waktu Sholat

ﺇِﻥَّ ﺍﻟﺼَّﻼﺓَ ﻛَﺎﻧَﺖْ ﻋَﻠَﻰ ﺍﻟﻤُﺆْﻣِﻨِﻴْﻦَ ﻛِﺘَﺎﺑًﺎ ﻣَﻮْﻗُﻮﺗًﺎ

Saéstuna sholat éta téh fardhu anu ditangtukeun
waktuna ka jalma-jalma anu ariman. (QS. An-nisa
103)

ﻭَﺍﻋْﻠَﻢْ ﺃَﻥَّ ﺍﻟﺼَّﻼَﺓَ ﺗَﺠِﺐُ ﺑِﺄَﻭَّﻝِ ﺍﻟﻮَﻗْﺖِ ﻭُﺟُﻮْﺑﺎً ﻣُﻮَﺳَﻌﺎً ﻓَﻠَﻪُ
ﺍﻟﺘَّﺄْﺧِﻴْﺮُ ﻋَﻦْ ﺃَﻭَّﻟِﻪِ ﺇِﻟﻰَ ﻭَﻗْﺖٍ ﻳَﺴَﻌُﻬﺎَ ﺑِﺸَﺮْﻁِ ﺃَﻥْ ﻳَﻌْﺰَﻡَ ﻋَﻠَﻰ
ﻓَﻌْﻠِﻬﺎَ ﻓِﻴْﻪِ , ﻭَﻟَﻮْ ﺃَﺩْﺭَﻙَ ﻓﻲِ ﺍﻟﻮَﻗْﺖِ ﺭَﻛْﻌَﺔً ﻻَ ﺩُﻭْﻧَﻬﺎَ ﻓﺎَﻟﻜُﻞُّ
ﺃَﺩَﺍﺀً ﻭَﺇِﻻَّ ﻓَﻘَﻀَﺎﺀ
ً
Kanyahokeun, yén sholat wajib di awal waktu, wajib
anu laluasa, hartina kaci nunda sholat ti awal waktu
nepi ka ahir waktu, anu mémang cukup waktu
pikeun ngalaksanakeunana, ieu kalawan sarat
ngazam (direncanakeun) rék sholat di waktu éta.
Lamun dina waktuna ngan cukup pikeun
ngalakonan saraka’at, henteu kurang ti saraka’at,
mangka kabéh raka’at kaasup ngalakonan ada/
kontan, jeung lamun henteu, mangka kaasup qodlo.

ﻭَﻳَﺄْﺛِﻢُ ﺑِﺈِﺧْﺮَﺍﺝِ ﺑَﻌْﻀِﻬﺎَ ﻋَﻦِ ﺍﻟﻮَﻗْﺖِ ﻭَﺇِﻥْ ﺃَﺩْﺭَﻙَ ﺭَﻛْﻌَﺔً ﻧَﻌَﻢْ ﻟَﻮْ
ﺷَﺮَﻉَ ﻓﻲِ ﻏَﻴْﺮِ ﺍﻟﺠُﻤْﻌَﺔِ ﻭَﻗَﺪْ ﺑَﻘِﻲَ ﻣﺎَ ﻳَﺴَﻌُﻬﺎَ ﺟﺎَﺯَ ﻟَﻪُ ﺑِﻼَ
ﻛَﺮَﺍﻫَﺔٍ ﺃَﻥْ ﻳَﻄَﻮِّْﻟُﻬﺎَ ﺑِﺎﻟﻘِﺮَﺍﺀَﺓِ ﺃَﻭْ ﺍﻟﺬِّﻛْﺮِ ﺣَﺘَّﻰ ﻳَﺨْﺮُﺝَ ﺍﻟﻮَﻗْﺖُ
ﻭَﺇِﻥْ ﻟَﻢْ ﻳُﻮَﻗِﻊُ ﻣِﻨْﻬﺎَ ﺭَﻛْﻌَﺔً ﻓِﻴْﻪِ ﻋَﻠَﻰ ﺍﻟﻤُﻌْﺘَﻤَﺪِ ﻓَﺈِﻥْ ﻟَﻢْ ﻳَﺒْﻖَ ﻣِﻦَ
ﺍﻟﻮَﻗْﺖِ ﻣﺎَ ﻳَﺴَﻌُﻬﺎَ ﺃَﻭْ ﻛﺎَﻧَﺖْ ﺟُﻤْﻌَﺔً ﻟَﻢْ ﻳَﺠُﺰْ ﺍﻟﻤَﺪُّ ﻭَﻻَ ﻳُﺴَﻦُّ
ﺍﻻِﻗْﺘِﺼﺎَﺭُ ﻋَﻠَﻰ ﺃَﺭْﻛﺎَﻥِ ﺍﻟﺼَّﻼَﺓِ ِﻹِﺩْﺭَﺍﻙِ ﻛَﻠِّﻬﺎَ ﻓﻲِ ﺍﻟﻮَﻗْﺖ
ِ
Hiji jalma doraka lamun nunda sholat nepi ka
ngalakonan sholat ngaliwatan wates waktu, sanajan
dina waktu bisa ngalakonan saraka’at. Bener kitu,
lamun ngalakonan sholat sajaba Juma’ah tuluy
nyésa kénéh waktu ngalakonan sholat, pikeunana
kaci tanpa makruh manjangkeun bacaan sarta
dzikir sholat nepi ka ngaliwatan wates waktu sholat,
sanajan henteu saraka’at ogé asup dina waktu, ieu
nurutkeun pamadegan kuat. Sabalikna, lamun teu nyésa cukup waktu atawa sholatna sholat
Juma’ah mangka teu kaci manjangkeun bacaan
sarta dzikir. Sarta ogé teu disunnahkeun
ngaringkeskeun rukun-rukun sholat alatan pikeun
ngudag kabéh raka’at sholat dina waktuna.

( ﻓَﺮْﻉٌ ( ﻳُﻨْﺪَﺏُ ﺗَﻌْﺠِﻴْﻞُ ﺻَﻼَﺓِ ﻭَﻟَﻮْ ﻋِﺸَﺎﺀً ِﻷَﻭَّﻝِ ﻭَﻗْﺘِﻬﺎَ ﻟِﺨَﺒَﺮٍ
“ﺃَﻓْﻀَﻞُ ﺍﻷَﻋْﻤﺎَﻝِ ﺍﻟﺼَّﻼَﺓِ ِﻷَﻭَّﻝِ ﻭَﻗْﺘِﻬﺎَ” ﻭَﺗَﺄْﺧِﻴْﺮُﻫﺎَ ﻋَﻦْ ﺃَﻭَّﻟِﻪِ
ﻟِﺘَﻴَﻘُﻦِ ﺟَﻤﺎَﻋَﺔٍ ﺃَﺛْﻨﺎَﺀَﻩُ ﻭَﺇِﻥْ ﻓَﺤِﺶَ ﺍﻟﺘَّﺄْﺧِﻴْﺮُ ﻣَﺎ ﻟَﻢْ ﻳَﻀِﻖُ
ﺍﻟﻮَﻗْﺖُ ﻭَﻟِﻈَﻨِّﻬﺎَ ﺇِﺫَﺍ ﻟَﻢْ ﻳَﻔْﺤُﺶْ ﻋُﺮْﻓﺎً ﻻَ ﻟِﺸَﻚٍّ ﻓِﻴْﻬﺎَ ﻣُﻄْﻠَﻘﺎً

(Ari ieu hiji cabang masalah) disunnahkeun gura-
giru ngalakonan sholat sanajan Isya ambéh di awal
waktu, dumasar hadits “Pagawéan sholat anu
pangutamana nyaéta ngalakonan sholat di awal
waktu”. (HR. Thobroni). Ogé disunnahkeun nunda
sholat lamun yakin baris berjama’ah, cacak kurang
alus nunda sholat, ieu lamun henteu heureut waktu,
sarta dumasar sangkaan baris berjama’ah lamun
alus nurutkeun kabiasaan, lain alatan mangmang
baris berjama’ah, halna mutlak.

ﻭَﺍﻟﺠَﻤﺎَﻋَﺔُ ﺍﻟﻘَﻠِﻴْﻠَﺔُ ﺃَﻭَّﻝَ ﺍﻟﻮَﻗْﺖِ ﺃَﻓْﻀَﻞٌ ﻣِﻦَ ﺍﻟﻜَﺜِﻴْﺮَﺓِ ﺁَﺧِﺮَﻩُ ,
ﻭَﻳُﺆَﺧِّﺮُ ﺍﻟﻤُﺤْﺮِﻡُ ﺻَﻼَﺓَ ﺍﻟﻌِﺸﺎَﺀِ ﻭُﺟُﻮْﺑﺎً ِﻷَﺟْﻞِ ﺧَﻮْﻑِ ﻓَﻮَﺍﺕِ
ﺣَﺞٍّ ﺑِﻔَﻮْﺕِ ﺍﻟﻮُﻗُﻮْﻑِ ﺑِﻌَﺮَﻓَﺔَ ﻟَﻮْ ﺻَﻼَّﻫﺎَ ﻣُﺘَﻤَﻜِّﻨﺎً ِﻷَﻥَّ ﻗَﻀَﺎﺀَﻩُ
ﺻَﻌْﺐٌ ﻭَﺍﻟﺼَّﻼَﺓُ ﺗُﺆْﺧَﺮُ ِﻷَﻧَّﻬﺎَ ﺃَﺳْﻬَﻞُ ﻣِﻦْ ﻣَﺸَﻘَﺘِﻪِ ﻭَﻻَ ﻳُﺼَﻠِّﻴْﻬﺎَ
ﺻَﻼَﺓَ ﺷِﺪَﺓَ ﺍﻟﺨَﻮْﻑِ , ﻭَﻳُﺆَﺧِّﺮُ ﺃَﻳْﻀﺎً ﻭُﺟُﻮْﺑﺎً ﻣَﻦْ ﺭَﺃَﻯ ﻧَﺤْﻮَ
ﻏَﺮِﻳْﻖٍ ﺃَﻭْ ﺃَﺳِﻴْﺮٍ ﻟَﻮْ ﺃَﻧْﻘَﺬَﻩُ ﺧَﺮَﺝَ ﺍﻟﻮَﻗْﺖُ

Berjama’ah saeutikan di awal waktu leuwih utama
tinimbang berjama’ah lobaan di ahir waktu. Jelema
anu ihrom (haji) wajib nunda sholat Isya alatan
salempang tinggaleun haji sabab tingaleun wukuf di
‘Arofah, ieu lamun manéhna sholat Isya di
tempatna, alatan qodlo wukuf leuwih hésé mangka
sholat wajib ditunda alatan leuwih hampang
tinimbang masakat/héséna ngudag wukuf. Di dieu
ulah ngalakonan sholat ku cara sholat Syiddatul-
khauf (alatan pohara sieun). Sarta wajib nunda
sholat pikeun jelema anu nempo sarta baris
nulungan jelema tikerelep atawa diboyong jelema
jahat, sanajan nyalametkeunana nepi ka kaluar
waktu sholat. (Sholat bisa diqodlo)

( ﻓَﺮْﻉٌ ( ﻳُﻜْﺮَﻩُ ﺍﻟﻨَّﻮْﻡُ ﺑَﻌْﺪَ ﺩُﺧُﻮْﻝِ ﻭَﻗْﺖِ ﺍﻟﺼَّﻼَﺓِ ﻭَﻗَﺒْﻞَ ﻓَﻌْﻠِﻬﺎَ
ﺣَﻴْﺚُ ﻇَﻦَّ ﺍﻻِﺳْﺘِﻴْﻘَﺎﻅَ ﻗَﺒْﻞَ ﺿَﻴْﻘِﻪِ ﻟِﻌﺎَﺩَﺓٍ ﺃَﻭْ ِﻹِﻳْﻘﺎَﻅِ ﻏَﻴْﺮِﻩِ ﻟَﻪُ
ﻭَﺇِﻻَّ ﺣَﺮُﻡَ ﺍﻟﻨَّﻮْﻡُ ﺍﻟَّﺬِﻱْ ﻟَﻢْ ﻳَﻐْﻠِﺐُ ﻓﻲِ ﺍﻟﻮَﻗْﺖِ

(Ari ieu hiji cabang masalah) Makruh saré
sanggeus asup waktu sholat sarta tacan ngalakonan
sholat, ieu lamun disangka baris hudang saméméh
heureut waktu ngalakonan sholat atawa aya jelema
anu baris ngageuingkeunana. Lamun henteu kitu,
mangka haram saré di waktu asup waktu sholat
sarta tacan ngalakonan sholat, anu henteu bisa
ngawasa waktu.

( ﻓَﺮْﻉٌ ( ﻳُﻜْﺮَﻩُ ﺗَﺤْﺮِﻳْﻤﺎً ﺻَﻼَﺓُ ﻻَ ﺳَﺒَﺐَ ﻟَﻬﺎَ ﻛﺎَﻟﻨَّﻔْﻞِ ﺍﻟﻤُﻄْﻠَﻖِ ﻭَﻣِﻨْﻪُ
ﺻَﻼَﺓُ ﺍﻟﺘَّﺴﺎَﺑِﻴْﺢِ ﺃَﻭْ ﻟَﻬﺎَ ﺳَﺒَﺐٌ ﻣُﺘَﺄَﺧِّﺮٌ ﻛَﺮَﻛْﻌَﺘَﻲْ ﺍِﺳْﺘِﺨﺎَﺭَﺓٍ
ﻭَﺇِﺣْﺮَﺍﻡٍ ﺑَﻌْﺪَ ﺃَﺩَﺍﺀِ ﺻُﺒْﺢٍ ﺣَﺘَّﻰ ﺗَﺮْﺗَﻔِﻊَ ﺍﻟﺸَّﻤْﺲُ ﻛَﺮُﻣْﺢٍ ﻭَﻋَﺼْﺮٍ
ﺣَﺘَّﻰ ﺗَﻐْﺮُﺏَ ﻭَﻋِﻨْﺪَ ﺍﺳْﺘِﻮﺍَﺀٍ ﻏَﻴْﺮِ ﻳَﻮْﻡِ ﺍﻟﺠُﻤْﻌَﺔِ , ﻻَ ﻣﺎَ ﻟَﻪُ ﺳَﺒَﺐٌ
ﻣُﺘَﻘَﺪِّﻡٌ ﻛَﺮَﻛْﻌَﺘَﻲْ ﻭُﺿُﻮْﺀٍ ﻭَﻃَﻮَﺍﻑٍ ﻭَﺗَﺤِﻴَّﺔٍ ﻭَﻛُﺴُﻮْﻑٍ ﻭَﺻَﻼَﺓِ
ﺟِﻨﺎَﺯَﺓٍ ﻭَﻟَﻮْ ﻋَﻠَﻰ ﻏَﺎِﺋﺐٍ ﻭَﺇِﻋﺎَﺩَﺓٍ ﻣَﻊَ ﺟَﻤﺎَﻋَﺔٍ ﻭَﻟَﻮْ ﺇِﻣﺎَﻣﺎً
ﻭَﻛَﻔﺎَﺋِﺘَﺔِ ﻓَﺮْﺽٍ ﺃَﻭْ ﻧَﻔْﻞٍ ﻟَﻢْ ﻳَﻘْﺼِﺪْ ﺗَﺄْﺧِﻴْﺮُﻫﺎَ ﻟِﻠْﻮَﻗْﺖِ ﺍﻟﻤَﻜْﺮُﻭْﻩِ
ﻟِﻴُﻘْﻀِﻴْﻬﺎَ ﻓِﻴْﻪِ ﺃَﻭْ ﻳُﺪَﺍﻭِﻡَ ﻋَﻠَﻴْﻪِ

(Ari ieu hiji cabang masalah) Makruh Tahrim
(sarua kalayan haram) ngalakonan sholat anu
henteu ngabogaan sabab, kawas sholat sunnah
mutlaq, kaasup sholat tasbéh, atawa sholat anu
sababna di ahir kawas sholat istihkoroh sarta sholat
ihrom, sanggeus sholat Subuh nepi ka panonpoé
ngangkat satumbak, sanggeus sholat Ashar nepi ka
panonpoé surup, dina waktu panonpoé pas di luhur
sirah kajaba poé Juma’ah. Henteu haram lamun di
waktu-waktu éta ngalakonan sholat anu sababna
di hareup, kawas sholat sunnah wudlu, sholat sunnah
thowaf, sholat sunnah tahiyyatul masjid, sholat
sunnah samagaha, sholat mayit, sanajan mayit gaib,
ngabalikan sholat alatan berjama’ah sanajan imam,
sarua kawas qodlo sholat fardu, qodlo sholat sunnah,
anu henteu ngamaksud nundana alatan pikeun
ngalakonanana di waktu makruh atawa rutin
ngalakonanana di waktu makruh.

ﻓَﻠَﻮْ ﺗَﺤَﺮَّﻯ ﺇِﻳْﻘﺎَﻉَ ﺻَﻼَﺓٍ ﻏَﻴْﺮِ ﺻﺎَﺣِﺒَﺔِ ﺍﻟﻮَﻗْﺖِ ﻓﻲِ ﺍﻟﻮَﻗْﺖِ
ﺍﻟﻤَﻜْﺮُﻭْﻩِ ﻣِﻦْ ﺣَﻴْﺚُ ﻛَﻮْﻧِﻪِ ﻣَﻜْﺮُﻭْﻫﺎً ﻓَﺘَﺤْﺮُﻡُ ﻣُﻄْﻠَﻘﺎً ﻭَﻻَ ﺗَﻨْﻌَﻘِﺪُ
ﻭَﻟَﻮْ ﻓﺎَﺋِﺘَﺔً ﻳَﺠِﺐُ ﻗَﻀﺎَﺅُﻫﺎَ ﻓَﻮْﺭًﺍ ِﻷَﻧَّﻪُ ﻣُﻌﺎَﻧِﺪٌ ﻟِﻠﺸَّﺮْﻉِ

Lamun sholat anu lain nu boga waktu, ngahaja sarta
husus ditujukeun pikeun dipigawé di waktu makruh,
nyaéta memang tétéla waktu makruh (tos Subuh,
Ashar atawa panonpoé di luhur sirah), mangka
manéhna haram sacara mutlak, sarta sholatna
henteu sah, sanajan sholat qodlo anu wajib
ngalakonanana di waktu éta ogé, alatan manéhna
ngareumpak aturan agama.

ﻭﺍﻟﻠﻪ ﺍﻋﻠﻢ ﺑﺎﻟﺼﻮﺍﺏ

✔ Kitab Fathul mu’in Syékh Zaénuddin Al-
malaibariy

Senin, 21 Oktober 2013

Bulan Sapasi

Neuteup bulan sapasi di langit sukabumi
mencrong sapertos anu nuju nganaha-naha...
ngagerentes ngadugikeun lumengisna haté salira
Naha urang patepang teras kedah paanggang
bongan nyandang kahayang nu biheung kasorang
Mung ukur lamunan nu janten panglayar kasono
impian janten rawayan geusan nepungkeun kahéman
Hapunten jungjunan...
panginten salira ogé ayeuna nuju neuteup bulan sapasi anu sami,
Dina bulan sapasi eunteup asih anu pasini
caangna éstu ngalangkungan purnama
sanaos dunya peteng ku peuting,
cinta urang mabra nyaangan jomantara rasa

Jumat, 18 Oktober 2013

Gagayaan

Teuteup Munggaran Di Péngkolan

Anteng nyawang mangsa ka tukang
waktos harita tepang dipéngkolan
engkang maling neuteup ka salira
singhoréng salira gé sami nuju neuteup
antukna urang paamprok teuteup...
duh lir aya mangpirang jamparing tingbelesur tina soca salira
nurih ati nepi ka abor-aboran katresna...
nya, tresna dina teuteup munggaran...

Tapi duka kumaha bet ku teu wasa nyoara
pabetem-betem,
teu lemék teu nyarék
ngan jajantung nu dulugdugdag kawas dulag lebaran

Ayeuna...
engkang nganti-nganti
susuganan tepang deui
péngkolan nu jadi saksi
gilig jangji dina ati
seja ngedalkeun saniskara rasa...mugia laksana....

Rabu, 09 Oktober 2013

Katumbiri

Hujan cimata geus lekasan
mangsa jol katumbiri mapaésan ati
sugan téh rék éndah salawasna
singhoréng geuning ngan sajongjongan

Simpay harepan udar méméh nyangreud
weningna asih,
seja nu atra bodasna,
teu wasa mupus céda
nu lana tapakna.

Samagaha dina rasa
mawa peteng diri nu sakaparan-paran
nyorang jalan sorangeun...sorangan

Kamis, 03 Oktober 2013

Satia

Jerona laut masih bisa di ukur,
tapi jerona haté moal aya anu bisa ngukur .
Leungit harta banda masih kénéh bisa diganti,
tapi leungit kanyaah moal bisa digunta-ganti .
Biwir meureun bisa ngomong sabodo,
tapi haté mah moal bisa di bobodo .
Néangan barang anu leungit masih kénéh bisa kapanggih ku sapoé,
tapi neangan nu mikanyaah moal cukup ku sapoé.
Nyaah rupa ngan ukur samentara,
tapi nyaah rasa bakal salawasna.
Panceg dina hiji ngaran, hiji haté, hiji jangji, hiji tékad moal incah balilahan, moal unggut kalinduan, moal gedag kaanginan sanajan loba nu mikahéman, moal midua sanajan loba nu hadé rupa...
Nyarita saayana, mitresna saenyana, satia salilana!